be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Monday 30 August 2010

Hadis Goler

Kakocapkeun di hiji pasantren, kiayi sareng santri-santrina nuju ngaderes elmu pangaweruh ngenaan hadis. Kusabab peuting geus nyerelek ka wanci janari, loba santri anu geus lunggat-lenggut nundutan. Teu saeutik anu ngadon PPH alias Puluhak Polohok Heuay. Bari kiceup kiceup baseuh wae. Komo anu geus ngaguher sare mah teu kaitung jumlahna da kakuping pisan tina ngorokna mani patembal-tembal siga sora kuur tea geuningan. Aya sora kahiji, sora kadua, sareng sora nu silung mun dina suling mah. Tapi kiayi ngadon jongjon wae ngawurukan santri-santrina. Teu malire kana kaayaan santri yen tos loba nu ngajoprak.

Ibro, salah saurang santri satengah sadar tumaros ka kiayi bari matana dibente-bentekeun ngusir katunduh.

“Abah, atuh ngaos teh dicekapkeun heula dugi ka dieu. Manawi tuh tingali santri-santri teh tos talibra” pokna ngawani-wani maneh tumaros ka kiayi.

“Naha kitu? Padahal Abah acan beres ngawulang ieu teh” kiayi rada heran.

“Muhun Abah, tapi percumah panginten da santri tos seueur anu nundutan. Moal dugi elmuna oge” Ibro mere alesan.

“Cik ah, ku Abah rek dibere hapalan hadis wae atuh,” kiayi siga nu teu malire ka Ibro.

“Abah, komo dipasihan hapalan hadis mah, beuki talibra wae sigana teh. Moal tiasa ngapalkeun tos weungi kieu kalayan cape mah,” Ibro keukeuh.

“Ih, Abah mah rek mere hapalan hadis anu bisa ngahudangkeun anu sare, bisa mawa cenghar anu keur nundutan,” kiayi ngayakinkeun.

“Naha hadis naon Abah?” Ibro panasaran.

“Sok geura harudangkeun heula santri-santri teh. Ulah ngan sare wae keur diajar teh” ceuk kiayi mani tarik pisan satengah ngagorowok bari ngagebrak meja leutik di payuneun anjeuna.

Ibro gura giru ngahudang-hudangkeun babaturanana.

“Yeuh, Abah rek mere hapalan hadis anu bisa mawa cenghar maraneh. Geura kacai heula sibeungeut ka ditu,” kiayi nitah santri anu kakarek hudang jeung satengah ngarenjag ngadenge sora kiayi nu tarik jeung handaruan.

Sanggeus santrina ngajajejer rapih payuneun kiayi, anjeuna nyarios ka santri-santri: “Hadis anu kahiji: “Man tarok kalafana, wa faruduhu ala cipatina” kiayi ngaluarkeun hadis

Santri-santri bengong da asa kakarak ngadenge hadis model kitu.

“Abah, hadis riwayat saha sareng naon hartina? Naha geuning simkuring mah asa nembe mireng?” Ibro heran.

“Cik regepkeun ku silaing atuh. Eta hartina, nitah si Maman supaya narok kalapa, terus diparud supaya bisa kaala cipatina,” ceuk kiayi disusul para santri anu ting barakatak. Cenghar ari aya nu lucu mah.

“Oo… tiasaan geuning Abah mah,” Ibro seuri.

“Aya deui yeuh: “Afdolu dahri wasafatul bakri, waja’at kulubuhum wal bakru pataaya” kiayi sumanget. Santri runga ringeu teu ngarti.

“Hartosna, pang apdol-apdolna dahar nyaeta sareng beuleum sepat, kulub ja’at jeung beuleum peuteuy” kiayi mere penjelasan.

“Hahahaha…” kontan tambah calenghar deui santri-santri teh.

Santri beuki resep mirengkeun kiayi.

“Abah, aya deui kitu hadis model kitu?” Ibro teu sabar.

“Aya,” kiayi singkat nembalan.

“Ieu yeuh: “Man kana basola fi tuuri, idza sajada fahuwa hupir,” kiayi mani fasih.

Santri-santri mikir, bari pok nanya babarengan, “Naon hartosna Abah?”

Kiayi gumujeng terus ngajawab: “Hartina nyaeta sing saha-saha anu bisul dina tuur, lamun sujud pastina manehna ripuh,”

Geur wae para santri mani ngabarakatak. Malah aya anu gogoleran sagala bari reumbay cimata. Sigana nu kiih oge aya meureun.

“Abah mah tiasaan. Mani siga hadis nyaan. Padahal eta mah campuran basa Arab jeung Sunda. Anu dibalikkeun oge aya: ripuh jadi hupir” Ibro teu kuat nahan seuri.

Kiayi gumujeng bari pok nyarita, “Ieu mah lain hadis nyaan, tapi hadis goler. Buktina silaing tuh loba nu ngagoler bari seuri. Riwayatna oge ieu riwayat Abu Mardud da moal aya hadis kieu mah”

Kaayaan jadi tambah rame kunu sareuri. Beda pisan jeung sababaraha waktu tadi mani jempe da narundutan.

“Dibere heureuy mah mani calenghar nyah silaing teh. Tos ah Abah cekapkeun heula sakieu. Abah oge tunduh. Wassalaamu’alaikum” kiayi ngucap salam.

Saencan kiayi mulih, Ibro ngawani-wani maneh nyarita ka kiayi.

“Abah abdi oge tiasa atuh ari hadis goler mah. Aya ide yeuh: man akala fil wartagi fahuwa bayaro, fain lamyastha’thi fahuwa kaburo,” ceuk Ibro bari seuri.

“Bisa ari hadis goler kieu mah nya Ibro maneh teh?” kiayi tumaros.

“Hehehe.. muhun Abah, eta teh hartosna: sing saha-saha anu dahar di warteg ieu, manehna kudu bayar. Lamun teu mampuh bayar, manehna kudu kabur” ceuk Ibro.

“Hus teu menang atuh. Kudu bayar bisi disumpahan teu bisa hitut saumur-umur,” ceuk kiayi bari ngaleos ninggalkeun para santri anu keur sareuri mani rame akeuy-akeuyan.

Noel ti http://osolihin.wordpress.com

9 comments:

  1. Hehehe... aya wae carita Ki Sunda yeuh :-)

    ReplyDelete
  2. tah ari dina kahirupan santri mah dijamin loba pisan pidongengeuna...salam

    ReplyDelete
  3. kang Erdien ... Matakna bangeut pisan lamun ngaku urang sunda tapi poho kata titi mangsa na.

    kang Yan Hasanudin Malik ... Eta teh santri jaman baheula, santri jaman kiwari mah boa teuing ....

    ReplyDelete
  4. Ini bahasa opo, kok nggak ngerti saya. Maaf, Berkunjung ya.

    ReplyDelete
  5. apa tuh artinya, kagak tahu ane...

    ReplyDelete
  6. kang abie ... sunda euy....
    kang Berbagi Ilmu ... wilujeung sumping di dunya sundanes
    kang phra ... ya... kitu we lah :)

    ReplyDelete
  7. belajar baca bahasa sunda nich...sy ngga begitu faham

    ReplyDelete
  8. kang media ... namina oge diajar, moal langsung tiasa. Nuhun kang :)

    ReplyDelete