be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Thursday 3 March 2011

Si Kabayan Ngala Nangka


Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan d

ipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”

“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.

“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.

“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,)
Sumber: http://bujanggamanik.wordpress.com

10 comments:

  1. tak faham..bahasa apakah?hehe..

    ReplyDelete
  2. @ Manja ... Haturan linggih .... my pren lah
    @ Puan Kutu ... Sundanes boss ti Jawa Barat

    ReplyDelete
  3. wahh cam best cerite nei...menarik je poster dia

    ReplyDelete
  4. PReDicTor ... Hatur nuhun kanggo kasumpingan na

    ReplyDelete
  5. Hi! Thanks for the visit. I wish you a pleasant weekend. Greetings from Hungary.

    ReplyDelete
  6. Sae pisan.. janten emut kapungkur nuju budak keneh (ayeuna mah geus kolot..!!) .. sok didongengkeun ku aki jenung nini.. "Si Kabayan Ngala Nangka".. persis pisan :)

    ReplyDelete
  7. @ Langsing Sehat Diet Alami ... Nuhun :P
    @ Dear Alte ... Thanks lah
    @ Zona Indonesia ... Eunya, tapi kiwari mah kabayan tos eleh ku BBM
    @ Alyah MJ ... Saha atuh ?

    ReplyDelete