lisung

be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Monday 8 October 2018

Kuya jeung Monyet Ngala Nangka

Kuya jeung Monyet Ngala Nangka
Kacaturkeun... Aya Sakadang Kuya jeng Sakadang Monyet. Eta Kuya jeung monyet teh estuning nyobat dalit pisan.

Hiji peuting, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.

Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!”
“Aya naon Sakadang Monyét?”
“Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.”
“Di mana?”
“Di tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna ogé.”
“Keun isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré deui wé da peuting kénéh!” ceuk Sakadang Kuya.
Ngadéngé jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah rada hésé kana saré deuina téh. Keur kitu, kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah,
“Ah, isukan mah rék ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar kabéh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”

Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyét. Tuluy néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyét. Sanajan lila ulengna, tapi teu burung kapanggih ogé. Geus kitu mah, reup baé Sakadang Kuya téh saré deui.

Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét geus hudang. Jrut turun tina dahan tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.
“Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang néang nangka téa!” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong,
“Ké atuh Sakadang Monyét, ayeuna mah isuk kénéh!”
“Ih, engké mah bisi kaburu diala ku batur!”
“Apal henteu jalanna?”
“Ih, puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna.”
“Hayu atuh!”

Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah leumpangna boyot.

Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya wé, henteu salah impian Sakadang Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka sagedé beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.
“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang Monyét.
“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha carana ngabédakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Asa manggih jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi peuting.

“Gampang atuh ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana plék-plék-plék, tandana éta nangka geus asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah kénéh,” ceuk Sakadang Kuya.

Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna,
“Si Kuya mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék didahar di luhur ku sorangan.”

Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok,
“Tah, Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka dieu!” cenah. Sakadang Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal.
Leungeunna, sungutna, malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna téh nangka atah. Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan téh sorana ngagepluk, lain ngageplék.
“Aha euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna teu béntés, lantaran biwirna rapet ku geutah nangka.
Sakadang Kuya teu némbalan. Ari rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong Sakadang Kuya keur ngalimed baé ngadaharan nangka asak. Karonéng jeung seungit deuih. Malah nangka téh ampir béak, tinggal jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.

Sakadang Monyét kacida kagétna. Geus teg baé boga rasa yén manéhna geus kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan,” ceuk Sakadang Monyét.
“Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu bisa naék,” témbal Sakadang Kuya.
“Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!”
“Tah, aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.
Nangka anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét, tuluy didahar. Enya wé ngeunah, amis kareueut. Sakadang Monyét gantung teureuyeun. Ménta deui ka Sakadang Kuya, puguh da geus béak.
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk Sakadang Monyét bari jamedud. Tuluy lumpat, térékél naék kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang Monyét téh pundung tayohna mah. Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka tempat asalna. Leumpangna beuki ngadédod baé, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka.

Sunday 1 July 2018

Sireum Jeung Japati

Sireun Jeung Japati

Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!”

Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.

Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.

Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan.

Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna. Tapi japati kaburu geleber hibeur.

Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.” Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan.

Itu lain langlayangan
Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung

Saturday 12 April 2014

Kuya Ngagandong Imahna

Lisung Galung Galiang - Kuya Ngagandong Imah
Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.

Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.

Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceurik sakadang Kuya nyieun deui  we imah mah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina.
Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya
Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna.
Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.

Rincian Dongeng:
  • Judulna : Kuya Ngagandong Imahna 
  • Bahasana : Kasar 
  • Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet 
  • Watek palakuna : 
  1. Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah. 
  2. Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran 
  • Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
  • Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.

Saturday 8 September 2012

Si Kabayan Ngala Roay

Lisung Galung Galiang - Si Kabayan Ngala Roay
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.

“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”

Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.

Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.

“Mitoha! Mitoha!”

“Heuy!”

“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”

“Heug! Ulah lila teuing baé.”

“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”

Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.

Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.

Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”

Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.

Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”

“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”

“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”

“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”

“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”

Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.

Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.

“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.

“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”

“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.

“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.

“Heug, moal mitoha.”

Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.

Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.

“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.

“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”

Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.

“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”

Roay! Roay!” Bari terus digusur.

Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.

“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai.

Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk.)

Tuesday 24 July 2012

Kasirep Geol Tukang Karedok

Karedok Kacang Panjang
Datang ka imah awak cape. Tapi di dapur teh ngan nyampak deungeun sangu sesa isuk-isuk.

Huh, sebel! Pasti sakadang pamajikan teh sibuk ngadon ngarumpi di imah tatangga nepi ka poho masak.

Di geroan, anak mitoha teh teu elol-elol. Sebel.Gejlig we kuring indit. Pakean kerja ge can ieuh disalin. Leos ka tungtung gang, muru ka warung karedok langganan.

“Geuning sepi, Wa?” tanya teh baru gek diuk. Wa Yoyoh nu keur ngalamun tembong kaget.
“Wah karek pada bubar. Tiisuk mula rame,” jawabna.
“Karedok jang?” Kuring unggeuk.
“Tapi hayang si enenglah nu ngarendosna,” tembal teh. Wa Yoyoh jebi.
“Da euweuh si eneng nage. Keur ka pasar. Pangna oge nu mareuli teh bubar kabeh.”
“Yah,” kuring ngangluh.
“Lila keneh teu? Mun sakeudeung mah didagoan we.”
“Moal lila sigana mah.”
“Nya, sok atuh menta cikopi.” 
Aya satengah jam mah ngadagoan. Cikopi teh beak sagelas. Jol nu di anti-anti teh datang.
“Euleuh geuning aya Kang Doni,” cenah bari ngabelenyeh. Sok babawaanana ditunda. Kuring males imut. “Muhun, tos kesel ngantosan yeuh.”
“Euleuh karunya teuing.”
“Muhun, tos sono deuih. Tos lami teu ngarasoan geol Eneng.”
“Baruk? tos hoyong digeol nyah. Nya mangga atuh. Nganggo lada teu?” Pokna bari teu leupas ti emut. “Sakedik we lah.” jawab teh pondok.

Teu kungsi ngengkekeun deu, Si Eneng teh terus beraksi. Cengek jeung sabaturna diasukeun kana cowet. Kacang panjang, kol, jeung kacambah terus nyusul. Leungeunna ngarendos, bujurna milu geol. Muter matak ratug angen. Kuring teu sirikna teu ngiceup ningalikeun geol si Eneng teh. Ari pikiran mah geus kamana boa. Karedok si Eneng teh terkenal jeung loba langgananan lantaran ku geolan eta. Nu ngageolna hade, geolna oge matak ratug jajantung tur hareuras otot. Kumplit we.

Tapi da tara lewih ti kitu. Si Eneng teh da geus aya nu boga. Kang Joni nu sok narik angkot. Para langganan warung teh ukur bati neuteup atawa ngaheureuyan ku omong. Tara leuwih ti kitu. Paling leuwihna teh ukur ngabayang-bayang nu teu pararuguh. Siga kuring ayeuna. Buktina beres ngadahar karedok teh kuring tuturubun balil. Neangan anak pamijakan. Aya hasrat anu menta dibedahkeun. “Sumi! Sumi! Dimana maneh?” Kuring cocorowokan ti dapur.