be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Thursday 19 August 2010

Nyeungeut Karbit & Ngumpulkeun Dahareun

Nyeungeut karbit

Nyeungeut karbit téh sasat geus jadi kalangenan kuring saban bulan puasa. Biasana, pidua poéeun deui ka puasa, mun pareng Ema ka pasar balanja jang kaperluan munggah, kuring sok pesen ménta dipangmeulikeun karbit. Babaturan ogé sihoréng sarua, tampolana mun kolotna pohoeun teu meuli, sok terus ceurik gégéréléngan.

Atuh ti beurangna dag-dég-dog nyieun lodong ti mimiti awi panggedéna tepi ka nu pangleutikna, merenahkeunana disusun jiga runtuyan calung. Peutingna sabada buka, pak-pik-pek mékprékkan karbit sagedé-gedé indung leungeun. Ari awi nu sok dipaké lodongna, di antarana awi surat, gombong, bitung, atawa awi tali.

Raména nyeungeut karbit biasana ti peuting sabada tarawéh. Atuh nyeungeutna ogé sok bareng jeung babaturan, grup-grupan, najan kitu ari karbitna mah sok marekel séwang-séwangan. Ana derna badis keur perang baé, patémbalan antara lembur kuring jeung lembur batur nu paeunteung-eunteung. Atuh lamun geus deukeut ka lebaran mah, minangka mariemna, sok ngahaja nyieun lodong tina tangkal jambé atawa kawung, sorana ngageleger handaruan.

Harita aya kajadian lucu, tapi matak reuwas kareureuhnakeun. Sanggeusna lodong diseungeut, tara langsung deui dieusian karbit, tapi sok didédéngékeun heula, nyereces kénéh karbitna atawa henteu. Upama nyereces laju dicocokan deui liangna, ana diseungeut téh sok disada kénéh, najan teu pati tarik gé. Tah harita basa kuring nitah ngadéngékeun nyereces henteuna ka babaturan, panyeungeut masih hurung, ceuli babaturan persis dina tungtung lodong. Ari tel téh teu kahaja seuneu antel kana liang panyeungeutan, beledag disada, atuh babaturan tepi ka kokowowongan katorékan. Hayang seuri campur reuwas, tilu poé teu patanyana ogé.

Ngumpul-ngumpul dahareun

Kasebutning keur puasa, komo manjing asar, nénjo hulu peda sésa buka gé matak uruy. Tampolana sok papadon ka Ema, tong dipiceun engké rék dicocolan ari buka. Ngareungeu kitu Ema ukur nyenghél, tapi surti ka nu keur lapar.

Kitu nu kaalaman ku kuring jeung babaturan gé, teu weléh kabita waé. Malah, antukna mah sok dibayang-bayang, dur magrib téh rék dahar itu heula ieu heula. Tah, kabiasaan ngabayangkeun jiga kitu téh kababawa mangsana ulin ngabuburit. Kadaharan teu sirikna dikumpul-kumpul. Babaturan nu boga tangkal jambu atawa kérsen upamana, sok tingtérékél wé kanjat marerekis pésak gé, bebekelan jang engké buka. Atuh kasorénakeun mangsana tukang dagang dadakan bulan puasa dadasar, sabangsa kulak-kolek katut candil teu burung payu. Kaburitnakeun tukang dagang téh pak-pik-pek ngaladangan, papada hayang diheulakeun sieun kaburu magrib. Atuh nungguan dur magrib téh geus mendeko bari dilingkung ku rupa-rupa dahareun, antukna mah kanjat sok barieukeun, kudu naon heula nu pangheulana dihuapkeun.

Mindeng kajadian, lantaran makmak-mekmek sagala didahar, atuh teu kuat tarawéh, anggur adug songkol kamerekaan. Janari kitu deui, saur téh nataku horéamna, semet cuhal-cahél alakadarna da beuteung sasat teuas kénéh. Balukarna, lantaran saur teu normal, atuh beurangna jadi kaduhung teu rewog saur, sagala kabita deui nu antukna nya ngumpul-ngumpul dahareun deui[hanca]

2 comments:

  1. Sampurasun Ki Sunda:)
    Bagja yeuh pendak sareng ki dulur di jagat Maya
    Hatur nuhunn parantos rurumpaheun sumping ka rorompok Sundagasik :)

    ReplyDelete
  2. Erdien ... Rampes ki dulur... lain dunya teh heureut pan ari zaman kiwari mah

    ReplyDelete