Paling seuring di ilo :
Paling seuring di ilo :
Adsense Indonesia

Saung Al-Qur'an

Saung Hadist

Nu Kokoro

7:20 AM

(2) Comments



KOKORO téh miskin téa. Malah sakapeung mah sok diémbohan jadi kokoro nyoso malarat rosa, hartina miskin kabina-bina. Jalma kokoro sok dipapandékeun ka nu dahar soré henteu isuk, hésé néangan sandang pangan. Sababna mah bisa rupa-rupa, lantaran teu boga pagawéan, atawa (mun di lembur) keur kaserang paceklik panjang.

Dongéng nu kokoro mémang pikarunyaeun. Geura wé, aya béja tukang béca keur nambangan, ujug-ujug ngajurahroh kapaéhan. Basa disalusur, cenah geus dua poé teu manggih dahar. Aya deui nu maot ngagantung manéh alatan teu tahan kudu hirup balangsak. Geus karuhan ari nu unggal poé ngadahar sangu aking mah (nu sok dipaké parab meri). Nepi ka di daérah wétan mah aya bupati nu dilélér “Aking Awards” lantaran réa rahayat nu ngadaharan sangu aking.

Barudak réa nu kurang gizi. Awak begung kuru aking ngajangjawing, ari beuteung bucitreuk. Nu kalaparan, sakapeung mah kalah jadi bahan lalajoaneun dina télévisi, tur nu ngabandungan ukur bati kumecrékna.

Tapi deuih, ku nu hayang jadi gegedén mah, nu kokoro téh bisa dipaké modal. Geura wé, mun aya nu rék nyalon jadi pamingpin, pan nu pangheulana diuar-uar téh “memberantas kemiskinan”. Hartina mun euweuh rahayat nu miskin, éta jurus moal bisa dipaké, da can kacaturkeun aya nu awong-awongan “memberantas kekayaan” mah. Lumayan pan, nambah-nambah nu milih. Leuwih réa nu miskin, leuwih réa nu milih. Dina emprona meunang mah, bisa jadi nya kumaha engké wé.

Nu kokoro téh teu weléh dipaké jejer ku nu baroga kapentingan geusan némbongkeun kahaatna ka nu masakat. Nu kamari karampanyeu pigupernureun kamari, apan éta salah sahiji niatna téh, hayang ngungkulan nu mariskin di Jawa Barat.

Bisa jadi, pangna kitu téh, lantaran geus papada terang yén nu kokoro di Jawa Barat téh kalah ka nambahan. Cék Badan Pusat Statistik (BPS), taun ieu jumlahna geus nepi ka 11,6 juta, atawa kurang-leuwih 20 persén ti sakumna urang Jawa Barat. Ari taun 2005-2007 mah jumlahna ngan 13 persen.

Guyur wéh isu nu kokoro téh dibawa ka gedong sigrong, dipadungdengkeun ku nu nyarepeng kakawasaan. Ku DPRD teu weléh dibahas. Ku BAPEDDA (Badan Perencanaan Daerah) dianalisis. Aya deui nu matak nyenghél, nu pahibut nguruskeun tolok ukur nu disebut rayat miskin. Aya nu condong kana survéy ti BPS, Bank Dunia, UNDP (United Nation Development Programme), jsté.

Beuki réa nu miskin, beuki hoghag nu di laluhur. Cor wé datang anggaran, boh tina APBN boh APBD, nu diajangkeun keur mantuan rahayat miskin. Ari nu ngaranna bantuan téh, sapanjang ditatalépakeun mah can tangtu sagemblengna nepi ka nu hakna. Di Yogya mah apan 33% bantuan keur nu miskin téh ngiles di jalan. Teuing di Jawa Barat mah.

Angka nu kokoro mimindengna mah dumasar kana itungan nu nyieun survéy. Nu dipaké patokanana ngukur kana kakayaan jeung panghasilan. Tapi mun dibawa kana pribadina séwang-séwangan, bisa jadi séjén deui caritana. Teu kabéh nu hésé dahar nganggap dirina kokoro nepi ka pantes dipikarunya. Teu kabéh jelema nganggap yén miskin téh ngan bisa diukur tina rajakaya.

Tapi dina pupulitikan mah geuning, nu kokoro téh lir jadi komoditi, barang dagangan nu bisa diuar-uar. Sakapeung pamingpin dianggap boga préstasi tur gedé jasana mun salila mingpin bisa nurunkeun angka kamiskinan. Reueus pédah asalna sakitu persén jadi sakieu persén.

Ras kana lalakon halipah Umar bin Khotob. Basa kaayaan nagara keur paceklik, Umar mah henteu nyieun survéy-survéyan keur niténan rayat nu miskin téh. Apan bélaan susulumputan hayang niténan ku anjeun. Basa nangénan aya awéwé nu ngulub batu keur ngabébénjokeun anakna nu kalaparan, Umar ngingkig manggul gandum rék dibikeun ka éta awéwé.

Mémang asa pamohalan jaman ayeuna mah aya pamingpin nu daék punggal-panggul. Ngan paling copélna, mun nu kokoro kungsi “didagangkeun”, atuh hiji mangsa mah meureun kudu bagaéan batina.***

Esay : Dadan Sutisna
Saleungkepna... - Nu Kokoro

Andi Setiapermana

,

Kakawasaan



Kakawasaan (power) téh sipatna abstrak, tapi gedé pangaruhna kana kahirupan dina hirupkum­buh. Aya kakawasaan formal, anu dicekel ku jalma-jalma nu dibarendo, calik jadi ménak (pejabat) pama­réntah atawa nagara. Aya kakawasaan infor­mal, anu kapanggih di diri para tokoh masarakat, anu sanajan henteu nyangking kalungguhan formal pama­réntahan, tapi sagala omongan sarta paréntahna diéstokeun ku balaréa. Biasana jalma nu kitu disebut kagungan karisma, atawa tokoh karis­matis.

Sakapeung aya jalma anu nya tokoh karismatis, nya jeneng nyangking kalungguhan di pama­réntahan. Idéalna mah mémang unggal pejabat téh mi­boga kharisma, sangkan diambeuan jeung diéstokeun ku bawahan jeung lingkunganana. Tapi ayeuna di urang geus lila henteu aya pejabat anu karismatis ku sabab pribadina miboga wibawa anu matak sérab jalma sabudereunana. Ayeuna mah pejabat téh dicekel ku jalma nu “kaanggo” ku dunungan ku sabab pinter ngalakukeun ABS (Asal Bapa Senang) atawa AIS (Asal Ibu Senang). Jeung ayeuna mah pejabat téh sok otomatis dianggap pamingpin, sanajan henteu miboga wibawa. Padahal pikeun jadi pamingpin mah jalma kudu mi­bo­ga wibawa jeung karisma. Ari wibawa jeung kha­risma henteu bisa dibisluitan da éta mah tumuwuh bareng jeung jalmana anu omongan jeung kala­kuanana diajénan ku lingkunganana. Pikeun di­ajénan ku lingkungan henteu bisa didadak cara anu diangkat jadi pejabat ku nu keur nyekel kaka­wasaan formal.

Pangipukan calon pamingpin téh organisasi anu séhat. Tapi organisasi di urang ti wang­kid jaman Démokrasi Ter­pimpin ku PBR (Pemimpin Besar Révolusi) Bung Karno geus dika­biri. Organi­sasi anu wani ném­bong­keun pa­manggih anu béda jeung anu res­mi, komo anu wani entang-en­tang­an ngi­ritik mah dibubar­keun ata­wa dilarang. Dina nga­ya­keun pilih­an pa­ming­­pin organi­sasi anu démo­kratis dina mu’tamar ata­wa kongrés, pamaréntah salila­na sok pipilu­eun. Lamun jalma anu kapilih téh lain anu dipi­karesep ku nu keur nye­kel ka­ka­wa­saan, pamaréntah nolak hasil hasil kongrés atawa mu’tamar téa, ka­la­wan alesan “teu meunang clea­ren­ce”, “teu disa­tu­juan” ku pa­ma­rén­tah jeung réa deui. Biasana sok di­aya­keun mu’ta­mar atawa kong­rés deui anu milih jalma anu dipasang ku pamaréntah di éta organisasi. Cindekna kabé­bas­an némbong­keun pamang­gih jeung nga­ya­­keun organisasi anu dija­min dina Undang-undang Da­sar, sa­cara démonstratif dirumpak ku pama­réntah. Boh pama­réntah Or­de Lama boh pama­réntah Orde Baru. Tur teu aya anu wani ngé­ling­an, sabab saka­béh jalan geus dipeun­gpeukan.

Sabada Orde Baru rungkad, dina jaman réformasi, nepikeun pa­mang­gih jeung ngawangun organi­sasi atawa partéy téh jadi bébas. Jiga anu mabok, jalma ngaguna­keun saban kasempetan pikeun nepikeun pamanggih ata­wa kahayangna, bari henteu mer­hatikeun merenah henteuna. Protés jeung démonstrasi méh sa­ban poé kajadian di sakuliah Indo­nésia, kalawan alesan anu rupa-ru­pa. Lembaga éksékutif anu dina ja­man Orde Lama jeung Orde Baru nyekel kakawasaan anu mutlak, sabada jaman réformasi mah kakawasaan­ana jadi ngu­rangan. Sabalikna lembaga légis­latif anu dina jaman Orde Lama jeung Orde Baru ngan ukur jadi “yésmén” kahayang éksékutif, mi­boga kaka­wa­saan nu leuwih gedé, nepi ka kaum éksékutif nga­reunteut haténa.

Tapi boh di lembaga éksékutif boh di lembaga législatif, para pe­ja­bat anu lain pamingpin nu mi­bo­ga wibawa jeung karisma, ka­la­kuanana némbongkeun moti­vasi anu sarua: nu penting meu­nang fasilitas jeung kauntungan (fi­nan­sial) nu maksimal bari henteu dipa­talikeun jeung tang­gungjawab.

Cindekna nu ayeuna rendang di urang, lain pamingpin, tapi para pejabat anu mareunang kakawa­saan­ana téh ku jalan silih so­kong pada baturna. Pang­pangna batur sapartéy. Dina un­dang-undang anu dijarieun ku mara­néhan­ana kaka­wa­saan téh nyoko dina partéy. Nu meunang nya­lon­keun, nu meu­nang nyekel jabatan, kudu disokong ku partéy. Jalma anu lain anggota par­téy anu geus diaku, sanajan ném­bong­­keun kamampuh anu nga­ya­kin­keun, baris dianggap an­dar-andar nu teu bisa nyekel jabatan pub­lik. Kakara lamun disokong ku partéy bisa dicalonkeun. Tang­tu baé sing saha anu hayang dica­lon­keun ku partéy kudu nedunan paménta partéy. Tur lain duit baé.

Padahal tina rupa-rupa riset jeung polling, sidik yén kaper­cayaan warganagara ka partéy téh rendah pisan. Hartina partéy téh geus henteu dipercaya deui ku réréana warganagara. Partéy anu dianggap jadi sokoguru démo­krasi, henteu ngagambar­keun as­pirasi rahayat. Sabab partéy, saka­béh partéy, geus dikeukeu­weuk ku kaom ves­ted interest anu kadede­mes ka­na kaka­wasa­an. Kaka­wasaan digu­na­keun keur ka­­pen­tingan diri jeung go­longan­­ana, par­téyna. Jeung tuju­­anana taya lian ti ka­un­tungan finan­sial.

Nepi ka ayeu­na hen­teu katém­bong kumaha ca­ra­na nga­robah ka­aya­an anu henteu ngun­tung­keun rahayat jeung na­ga­ra téh. Nu bisa nga­robah saenya­na ka­om législatif anu bisa nyieun un­dang-undang anu ngun­­tung­keun raha­yat jeung nagara. Tapi lembaga législatifna apan ayeuna disire­kem­an ku partéy-partéy anu moal téa daékeun nyieun undang-undang anu baris ngarorod kaka­wa­saanana.

Dina politik mah tara ieuh aya pihak anu sadrah daék masrah­keun kakawasaan anu keur dice­kel ku manéhna ka nu lian. Salilana kudu direbut baé. Boh sacara démokratis - ku jalan nga­yakeun padu pabisa-bisa manga­ruhan balaréa. Hal ieu susah di­lak­sanakeun sabab jalan ka dinya sasatna geus dipeung­peukan ku nu ayeuna keur nyekel kawasa­an. Sanajan kitu sa­enyana masih aya lolongkrang pi­keun pihak anu hayang ngarobah situasi kiwari, tapi tanwandé me­relukeun suma­nget jeung stamina anu lain luma­yan. Éta téh bari hen­teu nyebut­keun dana anu tang­tu lain saeutik. Tapi nya dinya masalahna téh, ku­du aya anu ngabuktikeun yén pangaruh jeung kakawasaan bisa direbut bari jeung henteu nga­guna­keun duit.***

Éséy Ajip Rosidi (www.cupumanik.com)

Saleungkepna... - Kakawasaan

Andi Setiapermana

,

Naha Rupa Wayang Teu Siga Jelema?

7:55 AM

(5) Comments



WAYANG ngalalakonkeun kahirupan manusa. Enya, kahirupan sapopoé. Hanas aya bagian carita nu teu manjing di akal, éta mah ukur pangjangkep reujeung papaés—kawas kasuktan-kasaktén, alam kahiyangan, atawa sasatoan bisaeun nyarita. Da ari dina jejerna mah, kitu deui ajén-inajén anu dikandungna, éta téh sagemblengna meunang ngaludang tina kahirupan urang.

Ngan anéhna, naon sababna bentuk wayang teu persis niron potongan jalma? Sirahna gedé teuing, teu ngimbangan ukuran awakna. Kitu deui leungeunna, paranjang jeung laleutik teuing. Keureutan beungeutna ogé, jajauheun ti rupa urang. Aya anu irungna gedé, aya anu matana bolotot, aya anu huntuna mudal ka luar, jeung sajabana.

Béda jeung di batur, lalakon anu sumberna tina kahirupan manusa téh, ana dipagelarkeun ku bentuk bonéka, ilaharna niron rupa jeung proporsi awak jelema. Malah aya anu ukuran gedé jeung jangkungna badan gé disaruakeun jeung badan urang. Rupa jeung bentuk bonéka nu dipaké di batur mah teu némbongkeun ayana unsur distorsi, sabab disarimbagkeun jeung badaniah urang.

"Mun ditingal tina kasang tukang lahirna wayang di urang, éta téh mémang dihaja sina kitu," cék Drs. H. Anang Permana (74 taun), dalang kasepuhan ti Ujungberung nu kasohor tapis nyieun wayang.

Wayang jieunanana, aya nu dikoléksi di Jepang, Singapura, Inggris, Walanda, jeung Amérika. Ieu Ketua Jurusan Padalangan di SMKI manten téh kungsi dipentés pinton wewesén dina kagiatan Expo 1970, di Osaka, Jepang.

Dina mangsa-mangsa munggaran asupna Islam ka urang, kitu cék Anang, wayang téh dipaké média pikeun nyebarkeunana. Da´wahna para wali téh apan dibungkus ku kasenian. Jigana mah lantaran diluyukeun jeung kaayaan masarakat jaman harita. Jadi, lain dimimitian ku medar ayat atawa mesék hadis, jajauheun mun bari ngacung-ngacung pakarang. Saréat Islam téh diaworkeun jeung budaya nu dalit dina kahirupan sapopoé. Éta waé geuning buktina, ajian Prabu

Darmakusumah alias Yudistira ogé, kalimusada, apan jadi kalimah sahadat.

Najan sina awor jeung budaya anu geus nyampak leuwih ti heula, tapi aya babagian anu dibédakeun. Bisa jadi meureun pikeun nandeskeun yén dina garapan wayang téh aya muatan anu sumberna tina ajaran Islam.

"Salah sawios di antawisna nya dina ngadamel bentukna téa," cék Anang. "Dina paélmuan ngadamel wayang mah disebatna didéformasikeun éta téh."

Dina jaman para wali nyebarkeun Islam, di urang, anu geus leuwih ti heula wanoh kana ajaran Hindu atawa Budha apan geus aya patung reujeung arca, anu rupa reujeung bentukna ilahar nyonto ka jelema. Mémang aya éta gé arca anu rada méngpar, upamana Ganésha anu sirahna gajah. Tapi da ari dina karéréanana mah, sakumaha anu kapanggih di musieum nasional, angger wé néplak postur jelema.

"Éta pangna bentuk wayang dibéntenkeun ti arca, anu tos dianggap jadi banda luareun Islam. Bari jeung apan ari arca atanapi patung mah sok dianggo sesembahan. Rupina, upami bentuk wayang niron arca mah, inggis engkéna bilih disarembah, " pokna. Lian ti éta, dina ajaran Islam téh apan aya papahaman yén teu meunang barangjieun anu nyarupaan mahluk Gusti.

Katerangan Anang bieu pikeun leuwih nandeskeun alesan naon pangna bentuk wayang teu dijelemakeun. Mémang kitu ti baheulana, ti keur jaman wayang kulit kénéh, anu saterusna di Sunda lahir wayang golék.

"Ari pikeun Bapa mah, bentuk wayang didéformasikeun téh saleresna langkung seueur disawang tina sisi éstétika. Upami wayang bentukna kawas awak jalmi, bakal hésé dina nuju diigelkeunana. Cobi waé, apan kélék wayang mah langab, teu rapet kawas urang. Upami teu sina langab, bakal kawatesanan dina ngigelkeunana ogé," cék Anang.

UPAMA disalusur asal-muasalna, wayang golék anu ayeuna hirup di urang téh apan bibitna mah ti Jawa, ngan di dieuna dirobah ku karancagé para senimanna. Mimitina asup heula ka Cirebon, terus ka Priangan, balukar tina lancarna patali marga, nyaéta ti saprak aya jalan raya pos jieunan Daendels. Masih kénéh wayang kulit harita mah, basana gé basa Jawa.

Naha ari urang Sunda baheula teu bogaeun kasenian wayang kitu, tepi ka kudu nguyang ti Jawa?

Saenyana, lamun urang ngungkaban naskah Sanghiyang Siksa Kandang Karesian (ditulis taun 1618 Maséhi), aya katerangan kieu:

Hayang nyaho di sakwéh ning carita ma: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawa-sarma, Bimasorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri; sing sawatek carita ma mémén tanya.Hayang nyaho di pantun ma: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; prepantun tanya.

(Mun hayang nyaho sakabéh carita, kayaning: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, nya sagala rupa carita pék tanya dalang. Lamun hayang nyaho ngeunaan pantun, kayaning: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; pék tanya juru pantun.)

Jadi, cék éta naskah mah, urang Sunda ogé geuning bogaeun carita wayang téh. Ulah waka disebut wayang atuh, tapi lalakon (teuing kumaha jengglénganana) anu jadi garapan dalang. Ngan hanjakalna téh kiwari urang teu kawaris sésa-sésana. Urang teu apal, kumaha ari carita Ramayana jaman Pajajaran téh, da lalakonna geus teu kasusud. Terus deuih, naha éta lalakon Ramayana jaman harita téh dipagelarkeunana maké médium bonéka anu ku urang ayeuna ilahar disebut wayang? Taya kateranganana. Minangka anu nyésa téh, tur tepi ka urang ayeuna, nyaéta carita pantun.

URANG balik deui kana pedaran wayang golék anu tepi ka ayeuna hirup dina kasenian Sunda, anu terus tatalépa kawariskeun tepi ka ayeuna. Harita, aya ahli nyieun wayang kulit, ngaranna Ki Darman, bumén-buménna di Cibiru, Bandung Wétan. Ari asalna mah Ki Darman téh ti Cirebon. Sanggeus pindah ka Cibiru gé masih kénéh terus nyieunan wayang kulit, keur pakéeun para dalang di Priangan. Nya ka kaémpér-émpér ka Bupati Bandung anu katelah R.

Wiranatakusumah III (Dalem Karanganyar), anu saterusna méré pancén ka Ki Darman pikeun nyoba-nyoba nyieun wayang tina kai. Jieunan Ki Darman anu mimiti, masih kénéh néplak pola wayang kulit. Dalém Karanganyar kurang sugema, terus ngasongkeun saran sangkan bentukna dirobah deui. Nya ahirna ngajanggélék waé wayang golék sakumaha anu kiwari aya. Kecap golék téh cenah kirata, nyaéta diugal-égol jeung diulak-olék—maksudna mah diibingkeun. Enya, apan ari wayang golék mah kaasup barang tilu diménsi, béda jeung wayang kulit anu ngan ukur dua diménsi.

Nya ti harita di Sunda aya wayang golék téh, najan ari basa anu dipaké dina pintonanana mah angger ku basa Jawa. Mimiti dirobah jadi basa Sunda téh dina jaman Dalem Bintang alias R.A.A. Wiranatakusumah IV (1846-1874). Kitu ogé anu dirobah téh ukur dina ngadadar lalakon, da ari kakawénna mah masih angger ku basa Jawa, tug tepi ka ayeuna ogé.

Anang (lahirna di Ciwidéy, turunan dalang ti bapa anu katelah Entum Wiraatmadja), mimiti guguru nyieun wayang taun 1950-an, satamatna ti SGB, ka Udin Suparta, urang Cibiru. Ari Udin Suparta téh generasi katilu ti Ki Darman. Dibandingkeun jeung tukang nyieun wayang lianna, Anang aya punjulna. Ari sababna, Anang mah dalang anu kungsi kakoncara dina jamanna. Lian ti éta, henteu ngan sawates jadi kréator seni wungkul deuih, tapi mampuh ngarumuskeun paélmuanana. Éta pangna ayeuna remen jadi pananyaan dalang yunior gé.

Cék Anang, teu loba dalang anu bari bisa nyieun wayang téh. Ari sababna mah lantaran aya "tetekon": dalang mah peupeujeuh ulah nyieunan wayang, bisi ngadalangna teu payu.

"Mémang leres, kitu. Dalang mah leres ulah pirajeunan ngadamel wayang, upami nuju manggung, hé-hé-héh …," pokna. "Ari Bapa mah, manggung kantos sering, dina jaman keur ngora mah. Atuh dina ngadamel wayang, dugi ka ayeuna gé masih kénéh dikeureuyeuh. Mung pédah ayeuna mah dina ngukirna anu rada abot téh, margi kondisi panon tos robih."

Wayang golék téh dina rupa reujeung hiasanana néplak kana wayang kulit minangka babonna. Tapi, dina sawatara bagian mah aya anu dirobah; upamana waé kilat bahu anu aya dina leungeun Gatotgaca. Dina wayang kulit, éta kilat bahu téh dirupakeun oray, ari dina wayang golék mah manuk galudra.

NYIEUN wayang golék geus pasti réa unak-anikna. Anu pangheulana, kudu nyieun bentuk; ngawengku sirah, leungeun, jeung awak. Ti dinya terus diukir. Ari ukiran dina wayang, pangpangna lebah makuta, apan sakitu renyekna, dirungkal-ringkel. Kasawang kumaha leukleukna, nyodét-nyodétkeun tungtung péso raut dina ukuran mimilian.

Terus nincak kana ngecét, anu sarua deuih leukleukna. Kitu deui lebah gradasi (béda-bédana) warna, sarua deuih loba anu dina ukuran miliméter—ukur saluhureun buuk. Mun geus dicét, terus dirangki jadi tangtungan wayang. Diceceban campurit, dijieunna tina awi, tungtung handapna diseukeutan, minangka paniir sirah jeung awak (lamun keur diigelkeun, wayang téh dicekel campuritna). Bagian leungeunna ditiir ku bola kasur, ngarah bisa digerakkeun. Tina tungtung dampal leungeunna, disambung ku tuding (sarua deuih bahanna tina awi). Bérés éta, terus kudu dipasangan hiasan (asésoris) reujeung sampingna.

Ku nilik prosésna kawas kitu, kaharti lamun nyieun wayang golék (anu alus) mah teu cukup ku sapoé. "Dina saminggu téh, paling tiasa ogé ukur ngaréngsékeun hiji," cék Anang.

Anu matak, pantes mun hargana mahal gé. Wayang golék jieunan Anang, hijina rata-rata harga sajuta rupia. Mun pesen sakotak, anu eusina 117 wayang, nya kari ngalikeun waé, kira-kira sabaraha pipangajieunana. Jauh tangéh mun dibandingkeun jeung harga wayang anu sok diasong-asong ka para turis, anu hargana bisa Rp 15 rébuan.

Mun diukur ku bahanna ogé, harga sakitu mah asa teu katulup aya buruhan pikeun anu nyieunna. Ayeuna, harga kai albasia ogé pan geus sabaraha. Tacan deuih harga cét, terus bahan keur samping, reujeung asésoris lianna. Sabaraha buruh keur pangrajinna atuh?

Waktu Anang rék ka Osaka (taun 1970), harita harga wayang sakotakna téh Rp 25 rébu. Tapi, jualeun di Jepang mah sapuluh tikeleun ti éta. Ari sababna, dijieunna ogé enya-enya apik; boh dina ukir-ukiranana, boh dina ngecétna. Malah sampingna ogé maké batik tulis nu hargana mahal. Kitu deui minangka hiasanana téh maké ditarétés ku permata sagala. Kiwari éta wayang jieunan Anang téh dikoléksi di Jepang.

Ayeuna, bentuk jeung rupa wayang téh aya anu disarimbagkeun jeung jelema. Mimitina mah ukur tokoh emban jeung Batara Guru anu dijieun kitu téh. Ka dieunakeun mah tokoh-tokoh séjénna ogé aya dirobah.

"Ari cék pamendak Bapa mah, bentuk sareng rupi wayang téh tos waé sina kawas asalna. Ulah dirobih dijalmikeun," pokna.***

Tatang Sumarsono (cupumanik.com)

Saleungkepna... - Naha Rupa Wayang Teu Siga Jelema?

Andi Setiapermana

,

Tulisan anu lian :