be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Monday 26 October 2009

Nu Kokoro



KOKORO téh miskin téa. Malah sakapeung mah sok diémbohan jadi kokoro nyoso malarat rosa, hartina miskin kabina-bina. Jalma kokoro sok dipapandékeun ka nu dahar soré henteu isuk, hésé néangan sandang pangan. Sababna mah bisa rupa-rupa, lantaran teu boga pagawéan, atawa (mun di lembur) keur kaserang paceklik panjang.

Dongéng nu kokoro mémang pikarunyaeun. Geura wé, aya béja tukang béca keur nambangan, ujug-ujug ngajurahroh kapaéhan. Basa disalusur, cenah geus dua poé teu manggih dahar. Aya deui nu maot ngagantung manéh alatan teu tahan kudu hirup balangsak. Geus karuhan ari nu unggal poé ngadahar sangu aking mah (nu sok dipaké parab meri). Nepi ka di daérah wétan mah aya bupati nu dilélér “Aking Awards” lantaran réa rahayat nu ngadaharan sangu aking.

Barudak réa nu kurang gizi. Awak begung kuru aking ngajangjawing, ari beuteung bucitreuk. Nu kalaparan, sakapeung mah kalah jadi bahan lalajoaneun dina télévisi, tur nu ngabandungan ukur bati kumecrékna.

Tapi deuih, ku nu hayang jadi gegedén mah, nu kokoro téh bisa dipaké modal. Geura wé, mun aya nu rék nyalon jadi pamingpin, pan nu pangheulana diuar-uar téh “memberantas kemiskinan”. Hartina mun euweuh rahayat nu miskin, éta jurus moal bisa dipaké, da can kacaturkeun aya nu awong-awongan “memberantas kekayaan” mah. Lumayan pan, nambah-nambah nu milih. Leuwih réa nu miskin, leuwih réa nu milih. Dina emprona meunang mah, bisa jadi nya kumaha engké wé.

Nu kokoro téh teu weléh dipaké jejer ku nu baroga kapentingan geusan némbongkeun kahaatna ka nu masakat. Nu kamari karampanyeu pigupernureun kamari, apan éta salah sahiji niatna téh, hayang ngungkulan nu mariskin di Jawa Barat.

Bisa jadi, pangna kitu téh, lantaran geus papada terang yén nu kokoro di Jawa Barat téh kalah ka nambahan. Cék Badan Pusat Statistik (BPS), taun ieu jumlahna geus nepi ka 11,6 juta, atawa kurang-leuwih 20 persén ti sakumna urang Jawa Barat. Ari taun 2005-2007 mah jumlahna ngan 13 persen.

Guyur wéh isu nu kokoro téh dibawa ka gedong sigrong, dipadungdengkeun ku nu nyarepeng kakawasaan. Ku DPRD teu weléh dibahas. Ku BAPEDDA (Badan Perencanaan Daerah) dianalisis. Aya deui nu matak nyenghél, nu pahibut nguruskeun tolok ukur nu disebut rayat miskin. Aya nu condong kana survéy ti BPS, Bank Dunia, UNDP (United Nation Development Programme), jsté.

Beuki réa nu miskin, beuki hoghag nu di laluhur. Cor wé datang anggaran, boh tina APBN boh APBD, nu diajangkeun keur mantuan rahayat miskin. Ari nu ngaranna bantuan téh, sapanjang ditatalépakeun mah can tangtu sagemblengna nepi ka nu hakna. Di Yogya mah apan 33% bantuan keur nu miskin téh ngiles di jalan. Teuing di Jawa Barat mah.

Angka nu kokoro mimindengna mah dumasar kana itungan nu nyieun survéy. Nu dipaké patokanana ngukur kana kakayaan jeung panghasilan. Tapi mun dibawa kana pribadina séwang-séwangan, bisa jadi séjén deui caritana. Teu kabéh nu hésé dahar nganggap dirina kokoro nepi ka pantes dipikarunya. Teu kabéh jelema nganggap yén miskin téh ngan bisa diukur tina rajakaya.

Tapi dina pupulitikan mah geuning, nu kokoro téh lir jadi komoditi, barang dagangan nu bisa diuar-uar. Sakapeung pamingpin dianggap boga préstasi tur gedé jasana mun salila mingpin bisa nurunkeun angka kamiskinan. Reueus pédah asalna sakitu persén jadi sakieu persén.

Ras kana lalakon halipah Umar bin Khotob. Basa kaayaan nagara keur paceklik, Umar mah henteu nyieun survéy-survéyan keur niténan rayat nu miskin téh. Apan bélaan susulumputan hayang niténan ku anjeun. Basa nangénan aya awéwé nu ngulub batu keur ngabébénjokeun anakna nu kalaparan, Umar ngingkig manggul gandum rék dibikeun ka éta awéwé.

Mémang asa pamohalan jaman ayeuna mah aya pamingpin nu daék punggal-panggul. Ngan paling copélna, mun nu kokoro kungsi “didagangkeun”, atuh hiji mangsa mah meureun kudu bagaéan batina.***

Esay : Dadan Sutisna

2 comments:

  1. Oke...!!! Nice article ... Tx for visit...

    ReplyDelete
  2. Download Gratis sekarang juga, Lokal Server, Subtitle Indonesia, http://cari-film.blogspot.com

    ReplyDelete