Naha Rupa Wayang Teu Siga Jelema?

7:55 AM

(5) Comments

DonkeyMails.com: No Minimum Payout


WAYANG ngalalakonkeun kahirupan manusa. Enya, kahirupan sapopoé. Hanas aya bagian carita nu teu manjing di akal, éta mah ukur pangjangkep reujeung papaés—kawas kasuktan-kasaktén, alam kahiyangan, atawa sasatoan bisaeun nyarita. Da ari dina jejerna mah, kitu deui ajén-inajén anu dikandungna, éta téh sagemblengna meunang ngaludang tina kahirupan urang.

Ngan anéhna, naon sababna bentuk wayang teu persis niron potongan jalma? Sirahna gedé teuing, teu ngimbangan ukuran awakna. Kitu deui leungeunna, paranjang jeung laleutik teuing. Keureutan beungeutna ogé, jajauheun ti rupa urang. Aya anu irungna gedé, aya anu matana bolotot, aya anu huntuna mudal ka luar, jeung sajabana.

Béda jeung di batur, lalakon anu sumberna tina kahirupan manusa téh, ana dipagelarkeun ku bentuk bonéka, ilaharna niron rupa jeung proporsi awak jelema. Malah aya anu ukuran gedé jeung jangkungna badan gé disaruakeun jeung badan urang. Rupa jeung bentuk bonéka nu dipaké di batur mah teu némbongkeun ayana unsur distorsi, sabab disarimbagkeun jeung badaniah urang.

"Mun ditingal tina kasang tukang lahirna wayang di urang, éta téh mémang dihaja sina kitu," cék Drs. H. Anang Permana (74 taun), dalang kasepuhan ti Ujungberung nu kasohor tapis nyieun wayang.

Wayang jieunanana, aya nu dikoléksi di Jepang, Singapura, Inggris, Walanda, jeung Amérika. Ieu Ketua Jurusan Padalangan di SMKI manten téh kungsi dipentés pinton wewesén dina kagiatan Expo 1970, di Osaka, Jepang.

Dina mangsa-mangsa munggaran asupna Islam ka urang, kitu cék Anang, wayang téh dipaké média pikeun nyebarkeunana. Da´wahna para wali téh apan dibungkus ku kasenian. Jigana mah lantaran diluyukeun jeung kaayaan masarakat jaman harita. Jadi, lain dimimitian ku medar ayat atawa mesék hadis, jajauheun mun bari ngacung-ngacung pakarang. Saréat Islam téh diaworkeun jeung budaya nu dalit dina kahirupan sapopoé. Éta waé geuning buktina, ajian Prabu

Darmakusumah alias Yudistira ogé, kalimusada, apan jadi kalimah sahadat.

Najan sina awor jeung budaya anu geus nyampak leuwih ti heula, tapi aya babagian anu dibédakeun. Bisa jadi meureun pikeun nandeskeun yén dina garapan wayang téh aya muatan anu sumberna tina ajaran Islam.

"Salah sawios di antawisna nya dina ngadamel bentukna téa," cék Anang. "Dina paélmuan ngadamel wayang mah disebatna didéformasikeun éta téh."

Dina jaman para wali nyebarkeun Islam, di urang, anu geus leuwih ti heula wanoh kana ajaran Hindu atawa Budha apan geus aya patung reujeung arca, anu rupa reujeung bentukna ilahar nyonto ka jelema. Mémang aya éta gé arca anu rada méngpar, upamana Ganésha anu sirahna gajah. Tapi da ari dina karéréanana mah, sakumaha anu kapanggih di musieum nasional, angger wé néplak postur jelema.

"Éta pangna bentuk wayang dibéntenkeun ti arca, anu tos dianggap jadi banda luareun Islam. Bari jeung apan ari arca atanapi patung mah sok dianggo sesembahan. Rupina, upami bentuk wayang niron arca mah, inggis engkéna bilih disarembah, " pokna. Lian ti éta, dina ajaran Islam téh apan aya papahaman yén teu meunang barangjieun anu nyarupaan mahluk Gusti.

Katerangan Anang bieu pikeun leuwih nandeskeun alesan naon pangna bentuk wayang teu dijelemakeun. Mémang kitu ti baheulana, ti keur jaman wayang kulit kénéh, anu saterusna di Sunda lahir wayang golék.

"Ari pikeun Bapa mah, bentuk wayang didéformasikeun téh saleresna langkung seueur disawang tina sisi éstétika. Upami wayang bentukna kawas awak jalmi, bakal hésé dina nuju diigelkeunana. Cobi waé, apan kélék wayang mah langab, teu rapet kawas urang. Upami teu sina langab, bakal kawatesanan dina ngigelkeunana ogé," cék Anang.

UPAMA disalusur asal-muasalna, wayang golék anu ayeuna hirup di urang téh apan bibitna mah ti Jawa, ngan di dieuna dirobah ku karancagé para senimanna. Mimitina asup heula ka Cirebon, terus ka Priangan, balukar tina lancarna patali marga, nyaéta ti saprak aya jalan raya pos jieunan Daendels. Masih kénéh wayang kulit harita mah, basana gé basa Jawa.

Naha ari urang Sunda baheula teu bogaeun kasenian wayang kitu, tepi ka kudu nguyang ti Jawa?

Saenyana, lamun urang ngungkaban naskah Sanghiyang Siksa Kandang Karesian (ditulis taun 1618 Maséhi), aya katerangan kieu:

Hayang nyaho di sakwéh ning carita ma: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawa-sarma, Bimasorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri; sing sawatek carita ma mémén tanya.Hayang nyaho di pantun ma: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; prepantun tanya.

(Mun hayang nyaho sakabéh carita, kayaning: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, nya sagala rupa carita pék tanya dalang. Lamun hayang nyaho ngeunaan pantun, kayaning: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; pék tanya juru pantun.)

Jadi, cék éta naskah mah, urang Sunda ogé geuning bogaeun carita wayang téh. Ulah waka disebut wayang atuh, tapi lalakon (teuing kumaha jengglénganana) anu jadi garapan dalang. Ngan hanjakalna téh kiwari urang teu kawaris sésa-sésana. Urang teu apal, kumaha ari carita Ramayana jaman Pajajaran téh, da lalakonna geus teu kasusud. Terus deuih, naha éta lalakon Ramayana jaman harita téh dipagelarkeunana maké médium bonéka anu ku urang ayeuna ilahar disebut wayang? Taya kateranganana. Minangka anu nyésa téh, tur tepi ka urang ayeuna, nyaéta carita pantun.

URANG balik deui kana pedaran wayang golék anu tepi ka ayeuna hirup dina kasenian Sunda, anu terus tatalépa kawariskeun tepi ka ayeuna. Harita, aya ahli nyieun wayang kulit, ngaranna Ki Darman, bumén-buménna di Cibiru, Bandung Wétan. Ari asalna mah Ki Darman téh ti Cirebon. Sanggeus pindah ka Cibiru gé masih kénéh terus nyieunan wayang kulit, keur pakéeun para dalang di Priangan. Nya ka kaémpér-émpér ka Bupati Bandung anu katelah R.

Wiranatakusumah III (Dalem Karanganyar), anu saterusna méré pancén ka Ki Darman pikeun nyoba-nyoba nyieun wayang tina kai. Jieunan Ki Darman anu mimiti, masih kénéh néplak pola wayang kulit. Dalém Karanganyar kurang sugema, terus ngasongkeun saran sangkan bentukna dirobah deui. Nya ahirna ngajanggélék waé wayang golék sakumaha anu kiwari aya. Kecap golék téh cenah kirata, nyaéta diugal-égol jeung diulak-olék—maksudna mah diibingkeun. Enya, apan ari wayang golék mah kaasup barang tilu diménsi, béda jeung wayang kulit anu ngan ukur dua diménsi.

Nya ti harita di Sunda aya wayang golék téh, najan ari basa anu dipaké dina pintonanana mah angger ku basa Jawa. Mimiti dirobah jadi basa Sunda téh dina jaman Dalem Bintang alias R.A.A. Wiranatakusumah IV (1846-1874). Kitu ogé anu dirobah téh ukur dina ngadadar lalakon, da ari kakawénna mah masih angger ku basa Jawa, tug tepi ka ayeuna ogé.

Anang (lahirna di Ciwidéy, turunan dalang ti bapa anu katelah Entum Wiraatmadja), mimiti guguru nyieun wayang taun 1950-an, satamatna ti SGB, ka Udin Suparta, urang Cibiru. Ari Udin Suparta téh generasi katilu ti Ki Darman. Dibandingkeun jeung tukang nyieun wayang lianna, Anang aya punjulna. Ari sababna, Anang mah dalang anu kungsi kakoncara dina jamanna. Lian ti éta, henteu ngan sawates jadi kréator seni wungkul deuih, tapi mampuh ngarumuskeun paélmuanana. Éta pangna ayeuna remen jadi pananyaan dalang yunior gé.

Cék Anang, teu loba dalang anu bari bisa nyieun wayang téh. Ari sababna mah lantaran aya "tetekon": dalang mah peupeujeuh ulah nyieunan wayang, bisi ngadalangna teu payu.

"Mémang leres, kitu. Dalang mah leres ulah pirajeunan ngadamel wayang, upami nuju manggung, hé-hé-héh …," pokna. "Ari Bapa mah, manggung kantos sering, dina jaman keur ngora mah. Atuh dina ngadamel wayang, dugi ka ayeuna gé masih kénéh dikeureuyeuh. Mung pédah ayeuna mah dina ngukirna anu rada abot téh, margi kondisi panon tos robih."

Wayang golék téh dina rupa reujeung hiasanana néplak kana wayang kulit minangka babonna. Tapi, dina sawatara bagian mah aya anu dirobah; upamana waé kilat bahu anu aya dina leungeun Gatotgaca. Dina wayang kulit, éta kilat bahu téh dirupakeun oray, ari dina wayang golék mah manuk galudra.

NYIEUN wayang golék geus pasti réa unak-anikna. Anu pangheulana, kudu nyieun bentuk; ngawengku sirah, leungeun, jeung awak. Ti dinya terus diukir. Ari ukiran dina wayang, pangpangna lebah makuta, apan sakitu renyekna, dirungkal-ringkel. Kasawang kumaha leukleukna, nyodét-nyodétkeun tungtung péso raut dina ukuran mimilian.

Terus nincak kana ngecét, anu sarua deuih leukleukna. Kitu deui lebah gradasi (béda-bédana) warna, sarua deuih loba anu dina ukuran miliméter—ukur saluhureun buuk. Mun geus dicét, terus dirangki jadi tangtungan wayang. Diceceban campurit, dijieunna tina awi, tungtung handapna diseukeutan, minangka paniir sirah jeung awak (lamun keur diigelkeun, wayang téh dicekel campuritna). Bagian leungeunna ditiir ku bola kasur, ngarah bisa digerakkeun. Tina tungtung dampal leungeunna, disambung ku tuding (sarua deuih bahanna tina awi). Bérés éta, terus kudu dipasangan hiasan (asésoris) reujeung sampingna.

Ku nilik prosésna kawas kitu, kaharti lamun nyieun wayang golék (anu alus) mah teu cukup ku sapoé. "Dina saminggu téh, paling tiasa ogé ukur ngaréngsékeun hiji," cék Anang.

Anu matak, pantes mun hargana mahal gé. Wayang golék jieunan Anang, hijina rata-rata harga sajuta rupia. Mun pesen sakotak, anu eusina 117 wayang, nya kari ngalikeun waé, kira-kira sabaraha pipangajieunana. Jauh tangéh mun dibandingkeun jeung harga wayang anu sok diasong-asong ka para turis, anu hargana bisa Rp 15 rébuan.

Mun diukur ku bahanna ogé, harga sakitu mah asa teu katulup aya buruhan pikeun anu nyieunna. Ayeuna, harga kai albasia ogé pan geus sabaraha. Tacan deuih harga cét, terus bahan keur samping, reujeung asésoris lianna. Sabaraha buruh keur pangrajinna atuh?

Waktu Anang rék ka Osaka (taun 1970), harita harga wayang sakotakna téh Rp 25 rébu. Tapi, jualeun di Jepang mah sapuluh tikeleun ti éta. Ari sababna, dijieunna ogé enya-enya apik; boh dina ukir-ukiranana, boh dina ngecétna. Malah sampingna ogé maké batik tulis nu hargana mahal. Kitu deui minangka hiasanana téh maké ditarétés ku permata sagala. Kiwari éta wayang jieunan Anang téh dikoléksi di Jepang.

Ayeuna, bentuk jeung rupa wayang téh aya anu disarimbagkeun jeung jelema. Mimitina mah ukur tokoh emban jeung Batara Guru anu dijieun kitu téh. Ka dieunakeun mah tokoh-tokoh séjénna ogé aya dirobah.

"Ari cék pamendak Bapa mah, bentuk sareng rupi wayang téh tos waé sina kawas asalna. Ulah dirobih dijalmikeun," pokna.***

Tatang Sumarsono (cupumanik.com)

Ads Here


Artikel Terkait:

5 Responses to "Naha Rupa Wayang Teu Siga Jelema?"

frizia said :
October 4, 2009 at 8:27 PM
nice blog...thxs
Lisand said :
October 4, 2009 at 8:58 PM
@ frizia ... hatur nuhun
Aryo Halim said :
October 4, 2009 at 9:17 PM
aduh2..abdi teu tiasa basa sunda
Lisand said :
October 4, 2009 at 9:19 PM
@ aryo ... he..he.. si akang mah tiasa wae :)
Saung Web said :
November 12, 2009 at 6:56 PM
Lamun wayang jiga jelema.. kena pasti demo bae ka dalangna.. coba weh.. hikhikhik

Post a Comment

Iklan

Super Affiliate

idevaffiliate