be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Monday 27 July 2009

Si Cépot jeung Tukang Goong



"Pot kadieu euy dewek nek curhat!"

"Lah paling silaing mah sirik lantaran dunungan kawin deui nya!"

"Lain euy Pot, kieu yeuh....dipikir ku dewek, geus mang taun taun dewek jadi tukang goong, tapi hirup teh kieu jeung kieu we teu menyat menyat!"

"Jadi hayang naek gajih kitu?, bebeja atuh langsung ka dunungan!"

"Ah kuriak dibaeudan sauumur mun dewek wakca hayang naek gajih, padahal gawe teh kaasup beurat euy, najan ukur nakolan nu ngajendol, tapi kudu konsentrasi pinuh, malaweung saeutik, sora goong teu ninggang kana wirahmana,balukarna dunungan, enya kidalang tea, molotot, nu lalajo hahauk, kitu deui maneh Pot pipilueun protes da heueuh karasa ku dewek mun keur ngigel sora goong teu nenggel kana blaktukna,cawerang deuleu...!"

"Heu heu....tobaaaattttttt.....mangkana mun keur manggung tong nundutan wae atuh!"

"Teu nundutan kumaha atuh Pot, manggung noron tilu poe tilu peuting, teu karasa ngalenyap nepikeun ka ngimpi sagala!"

"Beu etah keur nabeuh goong nepika bisa ngimpi sagala, ngimpi naon kitu?"

"Ngimpi narokan suluh!"

"Heu...heu...paingan sora goong jadi nyerecrek ka mana mendi, da meureun rarasaan keur narokan suluh nya!"

"Mun saimbang jeung gajihna moal nepika nundutan kitu meureun Pot!"

"Memangna gajihna UMR kitu?"

"Lain UMR tapi UMN, Upah Minimum Nayaga!"

"Setatusna kumaha?"

"Tah eta dadalan aya sistim outsourching tea, ti baheula ngan kontrak jeung kontrak we gawe teh!"

"Heu..heu...tobaattttt....uing mah tibalik euy, ku dalang geus diangkat karyawan tetap tapi teu digajih gajih malahan tas manggung,sok langsung dibebeskeun kana kotak!"

"Teu nanaon teu meunang gajih ge Pot, pan silaing mah teu beuki kejo, sedengkeun dewek teu manggih kejo sapoe, ngiceup ge susah deuleu!"

"Heueuh ari kitu tea mah, ke.... ke.... kunaon bet tungang tengeng kana sarung uing, neangan naon?"

"Puguh dewek teh keur manggih kareuwas euy, panakol goong leungit, mun nyaoheun leungit mana teuing dunungan hohoak bari molotot!"

"Leungit dimana?"

"Pan biasana mun tas manggung panakol goong sok dibawa ka imah!"

"Keur nanahaon dibawa kaimah?"

"Keur ngabebenjokeun budak, mun budak gegerelengan ceurik lantaran hayang jajan es krim,tinggal ngasongkeun panakol goong meunang ngagulaan!"

"Heu...heu..tobaaatt..ammmpyunnn...nepika kituna,tapi naha bet jor jor sungkub singkab kana sarung dewek da dewek mah teu rumasa nyumputkeun!"

"Ah pasti disumputkeun siah, buktina dijero sarung maneh aya nu ulang ulangan!"

"Heu..heu..tobaaaaattt...ieu mah lain panakol goong tapi panakol bedug da rada panjang!"

12 comments:

  1. huahahahhaa...kalalkuan si cepot aya2 wae, ngeunah seuri yeeuuhh :D

    ReplyDelete
  2. @ Hill
    Wilujeung sumping... ya... namina oge cepot :)

    ReplyDelete
  3. Kang Lisung damang ? ..kang aya award dicandaknya di bumi abdi..haturnuhun.

    ReplyDelete
  4. Emh dasar kang epot.. eta permen teu seep2.. aeh tos janten baraya tuh.. kantun panjenengan.. teu acan linggih rupina teh

    ReplyDelete
  5. @ Celetukan Segar ... ku dapat saptu baru ...
    @ Eris Agustian ... cepot dilawan ...
    @ Ateh75 ... award ? Hatur nuhun pisan ...
    @ Saungweb ... he..he... hapunteun, teulat ...

    ReplyDelete
  6. waduh bingung kagak ngerti bahasa nya....weh sundana

    ReplyDelete
  7. Wuakakaa... tah kang epot.. kpanggih dunungan teh geuning.. teu kaop we maca nu mulus2 teh.. langsung klik weh..

    ReplyDelete
  8. weleh. . lieur abdi mah kang maca ieu artikel, teu ngartos basa sunda, hehehe. . . .

    ReplyDelete
  9. @ Afrazy ... wilujeung bingung :)
    @ Saungweb ... he..he.. jadol teh, katipu atah2
    @ NumB3R ... tong janteun emutan
    @ heru ... wilujeung janteun baraya :)

    ReplyDelete