be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Monday 27 July 2009

Masagi: estetika Sunda tina babasan & paribasa



Alam dunya nu éndah ieu dicipta ku Pangeran. Kusabab diciptana ku Pangéran, tangtu rupa atawa wanguna hadé jeung sampurna. Kasampurnaan alam ieu sok dipaké pikeun siloka kaasup dina babasan jeung paribasa. Karancagéan kolot baheula enggoning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan hirup jeung kahirupan, salah sahijina dina wangun babasan jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu nginjeum ti kaayaan alam éta. Model atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda make conto alam, boh manuk boh mangrupa sato. Diantarana ranggon –ti manuk ranggon; julang ngapak, badak heuay, tagog atawa jogo anjing, jeung galudra ngupuk.

Cara niru ka alam oge aya dina ngagambarkeun kageulisan hiji wanoja, ditataan maké rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jentre: angkeut endog sapotong, ramo pucuk eurihan, lambéy jeruk sapasi, halis ngejelér paéh, cangkéng lenggik nanding papanting, taar teja mentrangan, damis kuwung-kuwungan, bitis héjo carulang, urang kampung bau lisung, jst. Jadi kageulisan atawa kaendahan dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam. Malah sangkan leuwih afdol, simbol tina rupa alam dijentrekeun jeung kaayaananana pikeun mastikeun nu dimaksud kalayan sampurna. Saperti dina ngagambarkeun gado, nu geulis mah disebutna oge angkeut, nu hade diibaratkeun ku rupa endog tapi kudu sapotong. halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup mah duka kumaha rupa halis teh. Jadi sangkan ngajepatna hade, teu usik teu malik luhureun panon, nya dipaehan heula tah si jeler teh!

Eusi babasan jeung paribasa diantarana ajaran moral atawa etika nu oge bisa disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna mangrupa siloka atawa perlambang nu ngandung harti jero bari dirangkéy ku basa nu ringkes, jadi gampang ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna oge jaga, teu keuna ku waktu kadaluwarsa da teu make bahan tambahan siga formalin.

Mun urang bingung kudu kumaha gaul boh jeung papada manusa atawa jeung mahluk liana, aya jurusna, diantarana kudu hade gogog hade tagog -siloka maké sipat kaayaan sampurna sato nu aya di alam. Pihartieunana, hirup kudu hade dina nyarita oge dina tingkah laku, ucapan jeung kalakuan kudu sarua alusna.

Sababaraha babasan atawa paribasa make kecap injeuman tina rupa atawa wangun, nyaeta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina dina babasan hirup kudu masagi. Naon sababna prak-prakan hirup nu hade diibaratkeun kana rupa pasagi?

Masagi téh kecap gawé ti kecap kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut pasagi nyaeta rupa kotak – rupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana atawa lempengna, tur ukuranana sarua. Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna dina kanyataanana Biasana dilarapkeun utamana dina perkara ngalakonan urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung darigama tea. Sipat pasagi ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakukeun kalayan saimbang. Cara urang hirup ayeuna di dunya, salian ti kudu mikirkeun kaperluan hirup di dunya, oge kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel engké jaga di aherat. Ogé yén urang kudu sagala bisa atawa mahér sagala rupa, sabab hirup teh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu urang kudu bisa sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna, pasagi dijadikeun conto kumaha hirup kudu dilakonan. Sipatna tindakan atawa kalakuan.

Duka kumaha sasakalana, pasagi éta dina basa Indonesia mah maké mamawa bujur sagala, enya, bujur sangkar tea. Sigana sangkar teh ti basa Minang pikeun pasagi, da di Sumatera Kulon aya lembur ngarana Batusangkar, pastina di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap sangkar éta tuluy dipaké oge pikeun rorompok manuk dina basa nasional, sanajan rupana geus teu pasagi deui.

Rupa pasagi teu pati jentré ayana di alam. Dina ayana oge sigana ngan ukur ngaharib-harib, teu saklek rupa pasagi. Da ongkoh rupa pasagi mah dijieun ti opat sisi nu tiap juruna kudu nyékon -kecap ti parabot tukang bas, pasékon- nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa. Rupa pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi, diantarana nyaéta bésék, pipiti, suku boboko, hihid jeung sajabana. Rupa pasagi nu kawentar kamana-mendi utamana pikeun muslim sabab sok di datangan ari naik haji tangtu Ka’bah di Mekah. Ceuk si cenah, harti Ka’bah atawa kufah teh cenah pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib ka rupa kotak disebut kufah atawa kufik.

Salian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan nyaéta buleud. Cara dina kalimah “Niat kudu buleud”. Rupa buleud teh dijieun tina garis nu tungtungna panggih, bari jarak ti tengah ka unggal sisi sarua. Dina Matématika mah istilah na “jari-jari atawa “r”, tina radian atawa radius téa. Niat urusanana jeung sikep yakin, patali ogé jeung sikep méntal. Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis buleud.

Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. Diantarana panonpoé, bulan, katumbiri, ombak leutik dina balong mun urang nyemplungkeun batu, daun taraté, jsb. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké pikeun rupa tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsb.

Rupa buleud sok dipake perlambang kasampurnaan nu sipatna ideologis kaasup tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung sorabi, bulan digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang. Panonpoe dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam -sangkan teu pahili jeung rupa buleud séjéna- ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan nu hartina cahaya. Lambang bendera Jepang buleud beureum, nyimbolkeun panonpoe isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina pulitik (nipu rahayat leutik) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji partey atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon.

Rupa séjén nyaéta nyungcung. Cara dina kecap “ka balé nyungcung” siloka pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung ieu babasan pikeun tempat suci atawa sakral utamana masigit. Sigana baheula akad nikah umumna dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci jeung ari nikah teh apan upacara suci ogé. Suhunan masigit baheula umumna maké suhunan model tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasana segitilu lobana opat nu dipasangkeun condong pahareup-hareup, ngawangun rupa limas. Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi katémbong ti hiji sisi mah segitilu. Jadi istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun tina opat segitilu. Dina suhunan, segitilu ieu dua sisina nu tangtung sarua panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna. Beh dieu, suhunan masjid aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana belenong. Sanajan sabenerna mah rupa kubah ieu ogé dijadikeun suhunan katédral cara di Italia ogé Russia.

Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona gunung Cikuray di Garut, siga pisan segitilu: dua sisi condong panggih di puncak, nu hiji mah ngadapang dina taneuh. Dua sisi nu condong éta nyiptakeun rupa nyungcung nu nunjuk ka langit –dihartikeun nuju ka Pangéran. Jadi kaharti mun ku karuhun gunung dianggap suci atawa sakral, salian ti tempat bijilna cai pikeun kahirupan, oge dipaké pikeun tempat muja, tempat karamat, makam atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah tea. Kusabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Fir’aun nyieun gugunungan badag nu disebut piramid tea nu umumna dipake pikeun nyimpen jasadna.

Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya ieu loba pisan jeung moal kaitung. Ku manusa modéren kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Eta tilu rupa dasar dipaké dina élmu Matematika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni Rupa. Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa paribasa di urang cara conto di luhur. Tapi dina henteuna aya patali marga, bisa jadi sarua dina inditna: sarua nyokot conto rupa dasar nu aya di alam, dumasar kana kasampurnaan alam jieunan Pangéran. Nu jelas, masing-masing rupa éta sanajan dina wanda nu béda tapi sarua ngandung pihartieun kaayaan sampurna atawa suci. Pasagi pikeun ngagambarkeun kalakuan nu sampurna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna, segitilu pikeun tempat nu sampurna –dina harti suci atawa sakral.

Disadur tina :
http://www.urangsunda.net

12 comments:

  1. emh.. eta basa aya ku reueus kitu nya.. wilujeng tepang ki dulur

    ReplyDelete
  2. Aduh kang lisung ,sawios abdi urang sunda asli & babar ge di sunda .tapi artikel iyeu seueur bahasa nu teu ngartos..tapi jadi teurang bahasa sunda anu saleureusna.nice post.

    ReplyDelete
  3. Pokokna hebat euy. Saya mah cuma tau wilujeng Sumping, kumaha, damang, gitu loh, hehe. Salam kenal kang. Tararengkyu sudah mampir tadi.

    ReplyDelete
  4. mugi2 seu'eur org sunda nu ka inspirasian ku blog ieu,hayu geura maranggung sadaya org sunda

    ReplyDelete
  5. Mampir heula ka kidulur ah... kama bae ie teh ning tara midang deui...

    ReplyDelete
  6. @ Ateh75 ... naha atuh ?
    @ Newsoul ... sami-sami, salam keunal oge :)
    @ Hill ... amin
    @ Saungweb ... he..he.. nuju tapa heula

    ReplyDelete
  7. manbabbbbbbbb kang teruskan semangatnya baru kali ini ada artikel yg pake bahasa sunda,,,maju budaya indonesia jangan mau kalah sama bahasa inggris

    coment tempat saya buga ya kang

    ReplyDelete
  8. @ moenas ... hatur nuhun kang... sumanget nya ?

    ReplyDelete
  9. blogwalking,, i'm new mamber,, visit my blog please,,

    ReplyDelete
  10. Bener nya.. kamarana ari urang sunda....
    Mampir deui ka ki sobat... sami2 ngiring nguliat..

    ReplyDelete
  11. @ hatake ... hatur nuhun parantos linggih di saung
    @ saung web ... tah... numatak :)

    ReplyDelete
  12. aduh...... Hatur Nuhun pisan kana informna. mangpaat....

    ReplyDelete