be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Saturday 8 September 2012

Si Kabayan Ngala Roay

Lisung Galung Galiang - Si Kabayan Ngala Roay
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.

“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”

Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.

Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.

“Mitoha! Mitoha!”

“Heuy!”

“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”

“Heug! Ulah lila teuing baé.”

“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”

Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.

Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.

Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”

Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.

Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”

“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”

“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”

“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”

“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”

Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.

Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.

“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.

“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”

“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.

“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.

“Heug, moal mitoha.”

Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.

Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.

“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.

“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”

Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.

“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”

Roay! Roay!” Bari terus digusur.

Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.

“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai.

Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk.)

Tuesday 24 July 2012

Kasirep Geol Tukang Karedok

Karedok Kacang Panjang
Datang ka imah awak cape. Tapi di dapur teh ngan nyampak deungeun sangu sesa isuk-isuk.

Huh, sebel! Pasti sakadang pamajikan teh sibuk ngadon ngarumpi di imah tatangga nepi ka poho masak.

Di geroan, anak mitoha teh teu elol-elol. Sebel.Gejlig we kuring indit. Pakean kerja ge can ieuh disalin. Leos ka tungtung gang, muru ka warung karedok langganan.

“Geuning sepi, Wa?” tanya teh baru gek diuk. Wa Yoyoh nu keur ngalamun tembong kaget.
“Wah karek pada bubar. Tiisuk mula rame,” jawabna.
“Karedok jang?” Kuring unggeuk.
“Tapi hayang si enenglah nu ngarendosna,” tembal teh. Wa Yoyoh jebi.
“Da euweuh si eneng nage. Keur ka pasar. Pangna oge nu mareuli teh bubar kabeh.”
“Yah,” kuring ngangluh.
“Lila keneh teu? Mun sakeudeung mah didagoan we.”
“Moal lila sigana mah.”
“Nya, sok atuh menta cikopi.” 
Aya satengah jam mah ngadagoan. Cikopi teh beak sagelas. Jol nu di anti-anti teh datang.
“Euleuh geuning aya Kang Doni,” cenah bari ngabelenyeh. Sok babawaanana ditunda. Kuring males imut. “Muhun, tos kesel ngantosan yeuh.”
“Euleuh karunya teuing.”
“Muhun, tos sono deuih. Tos lami teu ngarasoan geol Eneng.”
“Baruk? tos hoyong digeol nyah. Nya mangga atuh. Nganggo lada teu?” Pokna bari teu leupas ti emut. “Sakedik we lah.” jawab teh pondok.

Teu kungsi ngengkekeun deu, Si Eneng teh terus beraksi. Cengek jeung sabaturna diasukeun kana cowet. Kacang panjang, kol, jeung kacambah terus nyusul. Leungeunna ngarendos, bujurna milu geol. Muter matak ratug angen. Kuring teu sirikna teu ngiceup ningalikeun geol si Eneng teh. Ari pikiran mah geus kamana boa. Karedok si Eneng teh terkenal jeung loba langgananan lantaran ku geolan eta. Nu ngageolna hade, geolna oge matak ratug jajantung tur hareuras otot. Kumplit we.

Tapi da tara lewih ti kitu. Si Eneng teh da geus aya nu boga. Kang Joni nu sok narik angkot. Para langganan warung teh ukur bati neuteup atawa ngaheureuyan ku omong. Tara leuwih ti kitu. Paling leuwihna teh ukur ngabayang-bayang nu teu pararuguh. Siga kuring ayeuna. Buktina beres ngadahar karedok teh kuring tuturubun balil. Neangan anak pamijakan. Aya hasrat anu menta dibedahkeun. “Sumi! Sumi! Dimana maneh?” Kuring cocorowokan ti dapur.

Monday 6 February 2012

Babad Layung Lalungse

Geus jadi sabiwir hiji, kakoncara ka mana-mana, lamun baheulana nagara urang téh boga julukan nagara maritim. Karajaan-karajaan anu aya di Nusantara, Boh anu aya di tatar Pasundan atawa di luar parahyangan loba kacaritakeun kahébatanna. Ieu disalunyuan ku para ahli sajarah dunia, saperti Sejarawan Jepang anu ngaranna Sakurata San, dina buku nu judulna; ” Hoena Kasikati Pesoku ” ( Sajarah Pasifik), nulis dina basa Jepang : ” akinasohak mitsubishi takunaiki, dakunaiki jugata majuwae. Makanaku lariazha…” anu pihartieunna kira-kira, ” kuring boga bukti-bukti lamun salah sahiji karajaan geus pernah meuntas nepika palabuan Seizu nu aya di Jepang”.

Sajarawan Sunda sorangan kurang soson-soson ngayakeun panalungtikan ngeunaan karajaan mana anu pernah ka palabuan Seizu anu aya di Jepang téh? Anu manghérankeun, lolobana anu bener-bener konsern kana hal kieu téh malah ahli-ahli mancanagara saperti; Ricardo Pendi Sumphena (Spanyol), Adulof Herrypuddiencth (Jerman), Phepen Omant (Vietnam), Kereshek Gumaransev (Russia), jeung Van Ghuoblogh (Walanda). Para ahli mancanagara téh ngagabung dina hiji lembaga panalungtikan sajarah Sunda, SHOUN = sundanesse historical organization for united nation.

Aya hiji sajarawan Sunda nu ulubiung dina éta lembaga nyaéta Profesor DR Encuy Samsiddin, guru besar sajarah ti Hesehitouth University , California.

Hasil gempungan jeung gawé Nu rancagé ti para ahli téh nyaéta kapanggihna hiji naskah sunda kuno anu umurna téh leuwih kolot dibandingkeun naskah Amanat Galunggung anu ditulis ku Prabu Guru Darmasiksa. Naskah anu ditulis dina kulit waru téh jumlahna ngan dua kaca (halaman), tapi jadi bukti jeung pituduh ngeunaan karajaan Sunda Kuno. Kabéh ahli geus nangtukeun lamun éta naskah ditulis ku hiji Raja jauh samemeh ayana karajaan-karajaan di Nusantara saperti Kutai jeung Tarumanagara.

Aya dua pada anu jadi lulugu utama naskah ieu nyaéta:
Sing sang aha aku
Nu neuleuman babad layung lalungseh
Dia ge nyaho yen nu huninga nerati
ngaing sri peucang kadut raja di
Kartunamarangga, ge sebutna Raja Waluh.
Hartina; saha-saha anu ngaguar ieu naskah nu judulna Layung Lalungsé, bakal ngarti yén anu nulisna téh Raden Peucang Kadut, hiji Raja Kartunamarangga anu disebut ogé karajaan Waluh.

Pada anu ka-dua dina éta naskah nguningakeun
Dia sing waspada, sri peucang akuna garwa nyimas gelung, anu putrana raden menak remehanbaya wastana raden keuyeup apu, anak lan incuna ngaing daradi menak kabeh.
Anu hartina ( manéh kudu bener, Raden Peucang boga istri nyaéta nyimas Gelung, tuluy boga putra nyaéta Raden Menak Remehanbaya anu katelah Raden Keuyeup Apu. Anak jeung incuna bakal jareneng jadi raja.

Panalungtikan teu cukup nepika dinya, da diteruskeun ku panalungtikan arkeologis. Para ahli ngagali, di beulah wétaneun wewengkon kampung Waluh Resmi, aya hiji candi leutik anu dibéré ngaran Candi Waluh dan bentukna Buleud tur buleneng kawas waluh.

Kabéh satuju, lamun Raja Peucang pernah meuntas lautan , patepung jeung raja Seizu, Pangeran Huizampeunahawu. Buktina mangrupa ayana sababaraha barang anu sarua umur jeung Bentukna antara Karajaan Waluh jeung karajaan Seizu.

Hasil panalungtikan ieu, mukakeun deui hiji misteri, lamun urang Sunda kuno téh jalma-jalma lampar, tukang lumampah jauh. Para ahli nyimpulkeun panalungtikanna dina hiji jurnal anu dibéré judul ” The Journal of Waluh and Raden Peucang".