be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Saturday 17 December 2011

Digusuran Jurig

Ku Ki Umbara

Ari batur mah cenah asa boga hutang tèh mun kaliwat solat, kuring mah lain, nyaèta… mun aya lalajoaneun teu lalajo. Teuing atuh, da mun ngadèngè sora goong tèh ceuli ngadak-ngadak rancung, suku ngadak-ngadak garètèk. Keur digawè ogè teu welèh èlèkèsèkèng. Lain ka nu deukeut-deukeut baè, malah ka nu jauh ogè ari ngadèngè bèja mah tara teu mangkat. Mun teu mangkat tèh nyaèta asa boga hutang. Lain babasan. Poèk dibèlaan ooboran, hujan dibèlaan papayungan tèh, jeung tara gumantung ka batur deuih, batur mah rèk indit rèk henteu tara jadi sual, asal awak waras duit boga … Ah, indit baè sorangan ogè!

Lain sakali dua kali, tampolana keur gering ogè kuring mah ari ngadèngè sora goong tèh sok ngadak-ngadak cageur.

Teu anèh mun kuring disarebut lulutu. Tapi kuring ogè tara ambek da enya.

Kawasna kuring resep lalajo tèh, lalajo wayang atawa pèsta, turunan ti Aki, aki ti Bapa. Da èta baè kuring kungsi ngadèngè bapa nyarita ka Ema,”Enya, aya budak resep-resep teuing lalajo. Turun ka manèhna meureun karesep akina tèh!” Bèjana Aki mah jenatna komo, lian ti resep lalajo tèh, resep ngibing, resep … mabok!”

Simana deuih cenah Aki mah anu punjul tèh. Ceuk Bapa, “Sakumaha jagoan jeung bulubudna jelema, tara teu kokoplokan dipuncerengan ku aki manèh mah. Teuing ngaji naon!”

Kaharti mun Bapa teu terangeun “cecepengan” Aki tèh, da Bapa mah ku Aki dipasantrènkeun ti bubudak.

“Keur mah Bapa ngabulubud, leuleugeur atuh manèh mah teu jadi kiai ogè, ngarti-ngarti kana agama!” ceuk Aki ka Bapa basa miwarang masantrèn.


Aki tèh teu damangna lila pisan, nepi ka pupus aya tilu taunna. Dina sakitu lilana, ngan kuring anu langka absèn ngemitan ari peuting tèh. Anak jeung incu-incu nu sèjènna mah teu cara kuring, ngaremitanana tèh ngan ari katingal rèpot baè.

Mun panyawatna keur aso, Aki sok ngagelendut ngadongèngkeun pangalamanana. Resep ngadèngè dongèng Aki mah, pitunduheun ogè sok ngadak-ngadak leungit. Teu cara ngadèngèkeun dongèng Nini, ngan raja-jeung raja, ngan putri jeung putri baè, jeung sok tuluy ditungtungan ku papatah deuih, matak bosen jeung matak ngajak heuay. Nu didongèngkeun ku Aki mah kabèh ogè pangalamanana. Kayaning basa gelut jeung bagong, gelut jeung bègal, dikoroyok ku limaan alatan parebut … ronggèng. Nyaritakeun resep ngibing, pokna, “Mun Aki keur ngèjèr ngigel, kabèh nu gareulis nareuteup ka Aki, marèntah diajak … imut!”

Geus lima taun Aki tèh pupusna.

Bada isa bulan kolot. Di langit teu aya bulan. Pihujaneun ngagarayot. Gang-ging-gungna sora goong, di Dèsa Sèdaraja, geus kadèngè hawar-hawar kabawa angin ririh. Suku geus kekejetan, hayang jung hayang jung geura indit. Tapi Bapa can sumping kènèh baè ti masigit, teuing tuluy ka mana. Ari rèk indit baè, karunya Ema sorangan keueungeun. Babaturan tangtuna ogè geus birat marangkat. Kacipta nu baroga kabogoh, ngariringkeun kabogohna. Kuring geus teu ngeunah cicing …

Kurutak Bapa sumping. Lakadalah, ceuk hatè.

“Tuluy ka mana Bapa tèh?” ceuk Ema bari mangnyampaykeun sajadah dina parantina.

“Nyèta tuluy ngalongok Ki Arma ngadadak gering payah.”

Ki Arma tèh incu Aki kènèh,anak Bibi. Saenyana dulur kuring tèh ngan kari èta-ètana, da lanceuk jeung adi-adina mah geus maraot, malah bibi jeung paman ogè geus teu araya di kieuna. Ari kuring puguh budak nunggal, teu lanceuk teu adi.

“Kumaha ayeuna?” Ema nanya deui.

“Rada aso basa ditinggalkeun mah …Pèsta di mana tatèh, bangun ramè-ramè teuing?” Bapa nanya ka kuring.

“Wartosna mah pèsta bujang di Sèdaraja.”

“Geuning teu lalajo?”

“Ngantosan Bapa.”

“Da Bapa mah moal lalajo.”

“Ema keueungeun nyalira.”

“Euh, sugan tèh …” pokna deui bari brek calik dina korsi. “Diuk heula di dinya, Bapa boga picaritaeun!”

Beu, peuting teuing atuh, ceuk hatè. Brek kuring diuk dina panuduhanana.

“Barèto kira-kira genep bulan sadugna aki manèh pupus, Bapa keur nagog di sisi balong. Teu kanyahoan ti mana jolna , gigireun geus aya lalaki kereng pikasieuneun. Manèhna nyarita kieu, “Kaula tèh jauh ti Karawang.”

“Di mana Karawangna?” ceuk Bapa.

“Moal disebutkeun,” tèmbalna, “Da teu kabèh jelema terang lebah-lebahna, ari teu kawènèhan-kawènèhan teuing mah. Ngan bapa andika di antarana nu geus terangeun tèh.”

“Jenatna Aki barudak?” ceuk Bapa.

“Enya. Malah pangna ayeuna kaula ka dieu ogè rèk ngala barang nu baheula diinjeum ku inyana.”

“Barang naon?” Da kula mah teu kapasrahan.”

“Bener teu kapasrahan?” omongna bari merong.

Sanggeus Bapa sumsumpahan, èta jelema ngati-ngati, pokna, “Mun andika bohong, rasakeun ulah sambat kaniaya!” Les manèhna ngiles, teu puguh ka mana ngalèosna.

Bapa lila ngaheneng.


“Ari tadi sareupna waktu Ki Angga balik ti sawah, cenah manèhna papanggih jeung jelema makè pakèan sarwa hideung, nananyakeun incu Aki Jaya, basana rèk diala. Ari Aki Jaya tèh kapan aki manèh. Matak ulah lalajo peuting ieu mah, sieun, bisi enya.”

Meg asa ditonjok angen. Kuring mah kajeun dicarèk dahar saminggu batan dicarèk lalajo mah. Da kaharti Bapa tèh nyingsieunan. Tapi lain gè incu Aki, ari mundur ku disingsieunan mah.

Waktu Bapa asup ka pangkèng kuring ngojèngkang kaluar bari ngarawèl batrè anu digantungkeun dina bilik. Mangkat lalajo.

Babaturan geus teu aya sapotong-sapotong acan, kabèh geus naringgalkeun.

Poèk, poèk lètèk. Jeung pras-pris deuih.

Samping dibebentingkeun, baju diparèt dikancingkeun, totopong diteregoskeun. Gidig leumpang ngagidig. Geus jauh ti lembur mah teu poèk teuing, rada ogè remeng-remeng. Goak…. Beluk sataker kebek.

Pohara atohna, katingal remeng-remeng di hareup aya nu ngarungkug ka ditukeun. Nyay disorot ku batrè. Jauh kènèh. Kuring gogorowokan mènta didagoan, tapi teu aya nu nèmbalan jeung terus baè laleumpang. Bari ceuceuleuweungan beluk leumpang beuki digancangan, hayang geura-geura nyusul. Beuki deukeut beuki deukeut. Jep kuring eureun tetembangan, lantaran kadèngè hawar-hawar sora nu jejeritan mènta tulung. Bari nyorotkeun batrè terus, derengdeng kuring lumpat. Geus deukeut pisan katingal dina caangna cahaya batrè, jelema duaan marakè pakèan hideung ngabèbètèng nu teterejelan jeung jejeritan tulung-tulungan. Teu sak deui nu keur di bèbètèng tèh … Ki Arma dulur misan kuring. Pudigdig kuring ambek. Nyay-nyay batrè ngacongan bengeut-beungeut nu ngabèbètèngna. Masya Alloh …. Barosongot, halisna karandel, panonna balèèr beureum. Pada-pada nyarekel pepentung. Katingal Ki Arma dibakutet ku rantè anu tingbaranyay hèrang, Bareng jeung bregna hujan, kuring narajang … Habek pepentung kana sirah …leng kapoèkan. Teuing sabaraha lilana teu inget tèh. Inget-inget awak ngahodhod, pakèan rancucut. Hujan geus raat, di langit bèntang ancal-ancalan, malah bulan ogè geus tèmbong ngelemeng sagedè sisir. Sirah karasa lieur, tapi kuring maksakeun balik sasat ngorondang ….

Nepi ka imah kuring ema-emaan, mènta dilaan tulak. Kulutrak tulak dibuka, bray panto muka. Lain Ema nu muka tèh, tapi anak tatangga—Nyi Enèh.

“Geuning Nyai, ari Ema ka mana?” ceuk kuring ka Nyi Enèh. Geus biasa pisan mun Ema jeung Bapa angkat wengi sarta kuring teu aya di imah, Nyi Enèh tèh sok kapeto nungguan.

“Tadi aya nu nyusulan cenah, … Ki Arma maot!”

Leng…leng… golèdag kuring meubeutkeun manèh kana tempat sarè. Sirah lenglengan, titinggalan kararonèng.

Ti harita kuring teu hudang deui, terus gering. Beurang peuting ditarungguan. Ema teu eureun-eureun nangis. Bapa katingalna nguyung pisan. Mun peuting taya kendatna ku nu ngaraos. Nu ngalandongan mah ngalandongan, ngesèh unggal Jumaah, tapi…

Inget kènèh harita tèh bada isa, nu ngaraos rèang kènèh. Torojol-torojol … gulang-gulang duaan marakè sing sarwa hideung. Nu saurang ngajingjing rantè munggah babaranyayan bodas, nu saurang deui nyekel pepentung. Ningal beungeut-beungeutna, ras kuring inget ka nu ngabarèbètèng Ki Arma barèto. Bari teu ngomong sakemèk, reketek leungeun kuring dibakèkèng. Kuring adug-adugan jeung jejeritan ogè teu dipalirè. Geredeg digusur ka luar. Kadèngè Ema aluk-alukan, nu sèjèn rèang maridangdam.

Di buruan nyampak kuda belang sadua-dua. Kuring ditaèkkeun ka nu hiji. Sala saurang gulang-gulang tèa mancal kana kuda nu ditumpakan ku kuring, diuk tukangeun,. Nu saurang deui nyorangan. Kuda digaredig … ditegarkeun. Cijoho, Cilimus, mèngkol ka Sumber, Paselaran, Palimanan …. Bray beurang tèh geus nepi ka Kadipatèn. Anèhna najan kuring tulung-tulungan sapanjang jalan, kabèh jelema anu kaliwatan saurang ogè teu aya nu mirosèa, arongkoh-ongkoh baè. Ti Kadipatèn terus ka Nyalindung. Liwat kota Sumedang. Mèngkol ka katuhu mapay jalan dèsa, bras ka Subang. Ti Subang ka Kalijati, Cikampèk, Dawuan, Karawang … gampleng kuring diteunggeul sirah satakerna. Lengngng…teu inget di bumi alam.

Inget-inget geus dirariung ku jelema-jelema anu teu warawuh. Ningal beungeut-beungeutna, bangun anu careuceubeun ka kuring tèh. Di antarana aya anu geus kolot pisan. Awakna kuru kawas rorongkong jeung tina palebah cungcurunganana terus-terusan merebey getih.

Ana gerem tèh nu gigireunana ngagerem, peresis sora maung, “Silaing tèh bener incu Aki Jaya?”

“Bener!” tèmbal kuring, males teugeug.

“Nyaho ka Nyi Sarni?”

“Nyaho, bibi kami, tapi geus maot!”

“Nyaho ka Ki Nata?”

“Nyaho, salaki Bibi Sarni, ogè geus maot!”

“Nyaho ka Sarmun, ka Si Asman, ka Si Marni, ka Si Arma?”

“Nyaho, kabèh anak Bibi Sarni jeung Mang Nata. Kabèh geus maraot.”

“Kabèh digusuran ka dieu!”

“Hah?”

“Bongan Aki manèh, Aki Jaya teu nohonan jangjina.”

Na jangji naon aki kami tèh?”

“Ayeuna ogè manèh digusur ka dieu,” manèhna teu mirosè pertanyaan kuring. “Moal dipulangkeun deui, mun manèh cara dulur-dulur, bibi jeung paman manèh teu bisa nuduhkeun di mana disumputkeunana barang nu dijangjikeun ku Aki manèh rèk dipulangkeun ka bapa kami.”

“Naon barangna tèh?”

Sakali deui manèhna teu mirosèa pertanyaan kuring, kalah ka pokna, “ Baheula, aki manèh meredih ka kokolot kami di dieu, sangkan dibèrè jimat anu maunatna matak dipikagigis ku sasama. Nya dibèrè kalawan perjangjian. Kahiji, anak incuna teu beunang dipasantrènkeun. Kadua, Sanggeus aki manèh maot, èta barang kudu dipulangkeun.”

“Naon sababna anak incuna teu beunang dipasantrènkeun?”

“Lantaran nu ngigama mah moal bisa digusur ka dieu, saperti Bapa jeung indung manèh. Untung nu sèjèn-sèjèn mah teu ngarigama, manèh ogè henteu.”

Mèmang Bibi Sarni, Mang nata jeung anak-anakna tèh henteu ngarigama pisan. Nya kitu deui kuring. Kakara kuring ngarasa hanjakal. Meureun mun kuring barèto daèk mah dipasantrènkeun ku Bapa, ayeuna tèh moal kasarad kieu.

“Ayeuna aki manèh geus maot, geus aya lima taunna. Tapi èta barang tèh lain dipulangkeun, malah disumputkeun. Ayeuna kami rèk nanya, di mana èta barang disumputkeunana? Mun manèh teu bisa nuduhkeun, sirah manèh baris dipakè tatapakan di dieu, cara bibi, paman, jeung dulur-dulur manèh.”

“Enya, naon atuh barangna tèh?”

“Tuh tènjo!” bari nunjuk ka aki-aki nu kawas rorongkong tèa. “Geus mangtaun-taun bapa kami disiksa, diteukteuk tungtung cungcurunganana ku kokolot. Paneukteukanana dibikeun ka aki manèh dijadikeun jimat tèa. Ayeuna èta kokolot nu telenges tèh geus diganyang ku kami sarèrèa, ku rahayatna. Pok sebutkeun, di mana disumputkeunana èta barang ku Aki manèh?!

Leng kuring nginget-nginget …. Tapi asa taca kungsi nènjo Aki kagungan jimat nu kitu. Cenah tungtung cungcurungan, boa-boa … tungtung cungcurungan-cungcurungan kitu mah … buntu. Ras kuring inget, mèmèh pupus tèh Aki maparin iteuk ka kuring. Saurna, “Sumputkeun sing buni!”

“Teu nyaho ari nu kitu mah,” tèmbal kuring, “Aya sotèh nu dipiwarang disumputkeun tèh … iteuk.”

“Iteuk naon?”

“Waregu.”

”Kumaha rupana?”

“Lorèng-lorèng kawas buntut maung.”

”Enya, èta!” omongna giak pisan. Nu sèjèn caruringhak. Komo si aki mah. “Di mana ayeuna?”

“Di imah, diselapkeun di jero bilik.”

Gancangna èta jelema nyalukan gulang-gulang nu nyarulik kuring. Maranèhna dititah mulangkeun kuring bari nyokot iteuk tèa.

Kuring ditaèkkeun deui kana kuda cara tadi basa dibawa ti imah. Berengbeng-berengbeng kuda dilumpatkeun …

Nepi ka imah kasampak waruga kuring geus digojodkeun nyanghulu ngalèr, bari pada nyaleungceurikan.

“Itu iteuk waregu jeroeun bilik pangnyandakkeun, alungkeun kaluar ka nu poèk!” ceuk uring bari nunjuk. Puguh baè rèa nu tibuburanjat, malah teu saeutik anu alumpatan sarieuneun.

“Hirup deui! Hirup deui! Allohu Akbar!” Kolot-kolot mani rècok.

Uwa marebot ngojèngkang, ngadudut iteuk tina jero bilik, sakumaha panuduhan kuring. Tuluy dibawa kaluar, dialungkeun.

“Aya nu nyanggap ti nu poèk!” omongna ka nu araya.

Ayeuna kuring jadi wekel solat, da sieun kasarad deui.


Tina Jurig Gedong Sètan, Karya Ki Umbara
http://bujanggamanik.wordpress.com

Wednesday 30 November 2011

Opat Onta

Sapopoé pacabakan Muhammad anu matuh téh ngangon domba. Boh domba kukutan kulawarga boh buburuh mangangonkeun nu batur. Buruhna tina ngangon téh diarep-arep pisan ku Abu Thalib. Lantaran, najan pamanna téh nyaaheun pisan, tapi da kahirupan sapopoéna beunang disebutkeun walurat. Keur ngurus budakna anu sababaraha urang gé jajauheun kana cukup.

Éta sababna, basa Abu Thalib ngadéngé béja pajar Khadijah muruh-muruhkeun ngiangkeun daganganana ka Syam ka nu séjén, ku manéhna buru-buru ditepungan.

Khadijah téh harita geus hirup nyorangan. Sabada ditinggalkeun maot ku salakina, siga nu teu aya niat hayang carogéan deui. Tapi ari kana usaha mah kalah beuki suhud. Geus mayeng sok ngiang-ngiangkeun dagangan ka nagara Syam. Kawantu pangawak awéwé, atuh teu bisa jung sorangan. Carana sok muruhkeun ka nu séjén. Kawantu daganganana lain saeutik, tangtu wé kudu dipasrahkeun ka anu bisa dipercaya. Minangka buruhna, sok dibayar ku dua onta.

Abu Thalib gé henteu ujug-ujug kitu baé nepungan Khadijah téh. Salah sahiji anu jadi pangjurung utamana téh lantaran kabita ku buruhna téa.

Tapi saméméh nepungan Khadijah, manéhna nanya heula ka Muhammad.

“Ku Emang hidep téh geus dianggap anak pituin,” pokna. “Tapi pan ku hidep gé kasaksian hirup urang téh jajauheun kana beunghar, cukup gé henteu. Tah ayeuna, da hidep téh geus gedé, kumaha lamun ku Emang dijurungkeun usaha?”

“Usaha? Usaha kana naon?” cék Muhammad anu tacan ngarti kana caritaan pamanna

“Kieu, hidep apal ka Khadijah?”

“Kantenan wé. Randa anu beunghar téa?”

“Tah enya éta,” témbalna. Gorolang baé Abu Thalib nyaritakeun maksudna. “Lamun hidep panuju, Khadijah ku Emang rék ditepungan.”

“Mangga,” cék Muhammad bari unggeuk. Ongkoh ngarasa atoh bakal bisa mantuan emangna.

Geus kitu kakara Abu Thalib nepungan Khadijah.

Basa Abu Thalib nepikeun pamaksudanana, Khadijah ngan semet unggeuk-unggeukan baé.

“Muhammad téh budakna jujur,” cék Abu Thalib. “Teu kudu salempang mercayakeun dagangan ka manéhna mah.”

“Leres,” cék Khadijah, “Abdi gé sering nguping ti nu sanés.”

“Jadi geus satuju dagangan anjeun dipercayakeun ka Muhammad?”

“Piraku abdi teu panuju, anu nyanggemna Paman, jabi anu bade dipercantenkeunana gé Muhammad.”

“Tapi Emang aya kénéh paménta.”

“Perkawis naon?”

“Cenah salila ieu minangka buruhna téh sok dibayar ku dua onta.”

“Leres.”

“Tah keur Muhammad mah Emang téh ménta anu husus.”

“Husus kumaha ari Emang?”


“Pan cék tadi gé Muhammad mah budakna jujur. Emang percaya manéhna mah moal bohong kana jumlah beubeunangan dagang téh. Anu matak buruhna gé hayang dileuwihan.”

“Dilangkungan kumaha?”

“Mun ka batur dua, buruhna ka Muhammad mah hayang opat.”

“Opat onta?”

Abu Thalib unggeuk.

Khadijah rada ngahuleng sakedapan.

“Mangga,” témbalna. “Malihan upami hasilna mucekil mah ku abdi bakal ditambihan deui.”

Pohara bungahna Abu Thalib ngadéngé jawaban Khadijah kitu téh.

“Ieu téh rejeki ti Gusti Alloh,” cék Abu Thalib ka Muhammad.

Sabada dipapatahan kumaha carana ngajual barang di ditu sarta meulian deui barang dagangkeuneun di Mekah, bari dibarengan ku Maésaroh kapercayaan Khadijah, Muhammad miang ka Syam.

Enya baé, sadatangna ti Syam, Maésaroh galécok naker nyaritakeun lalampahanana. Lolobana mah muji ka Muhammad, saincak-incakna téh taya cawadeunana, cenah.

Caritaan Maésaroh téh ku Khadijah dibandungan gemet pisan. Salian ti éta, manéhna gé ngitung-ngitung hasil tina dagangan téa. Enya baé leuwih ti nu biasana.

Harita Khadijah téh geus umur 40 taun. Geus sababaraha urang inohong Mekah anu nepikeun pamaksudanana ngajak ngarangkep. Tapi kabéh gé ku Khadijah ditolak. Babakuna mah lantaran manéhna ngarasa nu harayangeun ka dirina téh ngan semet kabita ku hartana wungkul.

Tapi sanggeus daganganana diiangkeun ku Muhammad téa, pikiran khadijah jadi béda ti sasari. Ka Muhammad téh lain baé percaya, tapi resep deuih.

Tungtugna nya manéhna balaka ka salah saurang dulurna.

“Lamun kitu mah urang tepikeun baé atuh ka Abu Thalib,” cék dulurna téh. Ngadéngé usul kitu, Khadijah henteu ngahalang-halang.

Basa Abu Thalib nepikeun deui pamaksudan Khadijah ka Muhammad, éta alona téh sakedapan mah olohok semu nu reuwas.

“Na ari abdi gaduh naon atuh?” pokna.

“Keun baé éta mah urusan Emang,” cék Abu Thalib.

Ahirna Muhammad jadi ngarangkep ka Khadijah, sarta Khadijah sakitu beungharna, tapi ka Muhammad téh éstu hormat jeung buméla pisan.

Engké sanggeus wahyu anu munggaran katarima ku Muhammad, Khadijah téh lain baé anu pangheulana percaya, tapi ogé henteu lebar ngaluarkeun harta kakayaanana pikeun kapentingan nyebarna agama.

(Tina Taréh Rasulullah, Karya Abdullah Mustappa).
http://bujanggamanik.wordpress.com

Asal Muasal Bulu Lutung Hideung


Jaman baheula sasatoan teh barisa ngomong kawas jelema biasa. Sakabeh sasatoan hirupna teh sauyunan jeung tara mumusuhan. Ari anu dianggap mush ku sasatoan teh ngan hiji, nyaeta paninggaran.

Hiji poe si kuda Sebra jeung si Lutung keur ngalobrol.

“Tung jigana mah ngan bulu urang bae anu teu rupa-rupa warnana teh, nya?” ceuk si kuda Sebra

“Enya nya, nga urang bae nu goreng bulu teh. Tenjo tuh si Merah mah, buluna mani rupa-rupa, “ tembal si Lutung.

“Tung, kumaha lamun bulu urang teh urang pulas bae ambeh rupa-rupa kawas batur!” ceuk si kuda Sebra.

“Hayu bae, ayeuna urang menta cetna heula ka patani, sugan bae bogaeun keneh, sesa eta patani ngecet saungna” tembal si Lutung.

Bral bae si Sebra jeung si Lutung arindit ka imahna patani, rek menta cek. Kabeneran di imah patani aya keneh cet, tapi kari cet hideung.

“bae lah cek hideung oge” ceuk si Sebra, nya dibikeun bae cet teh ku patani ka Si Sebra jeung si Lutung.



Kacaritakeun si Sebra jeung si Lutung sasadian rek mulas bulu maranehna.

“urang heula ah nu dipulasna” ceuk si Sebra, “Sok bae lah” tembal si Lutung bari prak mulas bulu si Sebra. Ari Warnana teh geus disatujuan ku duanana oge, nyaeta warna belang. Ku sabab bulu si sebra mah bodas, nya warna buluna teh jadi hideung bodas, mani alus katenjona oge.

Sanggeus bulu si Sebra kabeh dipulasna, nya ayeuna bagean si Sebra mulas bulu si Lutung. Ku sabab cetna di handap, nya ku si Sebra teh rek dikatempat nu rada luhur, kakara ge cet teh rek dikaluhurkeun, na ari jeletit teh suku si Sebra digegel sireum. Bakat ku kaget, nepi ka cet teh ragrag ngabanjur si Lutung nu keur diuk handepan si Sebra. Nya atuh bulu si Lutung jadi hideung saawak-awak. Tah ti harita lutung teh warna hideung.

http://unsilster.com

Friday 5 August 2011

Karéta Mudik



Carita Pondok Dadan Sutisna

NGAJANTENG di setatsion, dibaturan koran salambar.

Tadi téh isuk-isuk, saméméh indit ka setatsion, kaburu kénéh lalajo télévisi. Méh kabéh cénel télévisi ngabéwarakeun kumaha riweuhna nu rék mudik taun ieu. Menteri Perhubungan diwawancara, ditalék kumaha tarékah pamaréntah nyadiakeun tutumpakan keur nu rék baralik ka lembur. Teu kalis ku kitu, réporter ti unggal télévisi méré gambaran kumaha pasesedekna di setatsion jeung terminal beus, kumaha polah jalma-jalma nu hayang paheula-heula balik ka lembur. Asana taun tukang gé teu jauh bédana. Angger matak riweuh.

Éta béja téh, geuning henteu ngabukti. Hanas tadi rurusuhan indit ti imah, ari anjog ka setatsion sihoréng sepi jempling. Dipapantes téh pahibut, ari hég ukur manggih kaayaan nu réhé combrék. Ti barang jrut tina taksi gé, bari neuteup ka lebah lawang setatsion, geus ngarasa hémeng. Éta atuda, ku henteu manggihan jalma ngulampreng hiji-hiji acan. Lebah lokét, éstuning tiiseun, dipapantes téh réa nu keur ngantri nungguan karcis. Nu dagang lebeng, teu kadéngé haok-haokna acan. Biasana lebah lawang téh sok aya nu dagang cai, atawa dahareun bekeleun dina karéta. Poé ieu mah suwung.

Teu burung kerung, asa anéh atuda. Tapi ras ka poé isuk, enya, poé lebaran. Meureun jalma-jalma téh geus baralik ka lemburna séwang-séwangan. Atuda asa kadedemes pisan, piisukaneun lebaran masih kénéh nguruskeun haliyah dunya. Ongkoh apan pangeusi kota téh réréana mah urang lembur, nu ngadon usaha di kota, balikna sataun sakali unggal lebaran. Jadi henteu kudu dipaké pikiran lamun poé ieu taya jalma hiji-hiji acan téh.

Ari patugas karéta api? Piraku nepi ka euweuh hiji-hiji acan? Setatsion diantep taya dangiang? Ah, éta mah urusan pamaréntah, cék pikir téh. Ukur jadi panumpang ieuh, nu rék ngagunakeun tutumpakan karéta api, asana teu perlu mikir nepi ka lebah dinya.

Pamustunganana mah diuk di lebah peron, dibaturan koran salambar. Henteu mawa nanaon, iwal ti pakéan anu nerap dina awak mah. Kaméja bodas, calana hideung, maké kopéah wéh. Enya, apan barang-barang mah geus dibawa ku pamajikan. Manéhna balik ka lembur téh ti heula, bareng jeung barudak, minggu tukang.

“Sigana Lis mah badé mios ti payun…” pokna, saminggu ka tukang. Harita téh keur ngadaweung di tepas hareup, bari nungguan waktuna buka puasa.

“Har, naha moal nungguan Akang? Bareng wé atuh, apan biasana gé kitu.” maké jeung medenghel, siga nu embung dibarengan atuda.

“Sono ka kolot, Kang. Sataun campleng henteu patepung. Asa tambélar tuda urang téh, kéna-kéna geus senang di kota, ka nu di lembur mah lat baé poho. Rék ménta dihampura Lis mah…”

Aéh-aéh, cékéng téh, naha marukanna sorangan moal ménta dihampura kitu? Sarua baé jeung manéhna.

“Moal bareng jeung Akang?” nanya deui, bisi manéhna robah pamadegan.

“Ari Akang rék iraha kitu?”

“Sigana piisukaneun lebaran. Aya kénéh urusan di kantor.”

“Tuh, pan. Kacipta riweuhna piisukaneun lebaran mah. Moal nyalsé. Ongkoh asa teungteuingeun Akang mah boga dunungan téh. Piraku rék lebaran masih kénéh nguruskeun pagawéan?”

“Puguh Akang gé teu ngarti.”

“Lain nanyakeun atuh teu ngarti mah. Batur gé dibéré peré téh aya kana sapuluh poéna. Na ari di kantor Akang…”

Dilayanan mah, kuriak matak paséa. Mangkaning bulan puasa. Tungtungna bep baé balem. Terus nyérangkeun imah loténg peuntaseun jalan. Katémbong nu boga imah gé keur ngobrol duaan jeung pamajikanana, sigana sarua deuih bari ngadagoan waktuna buka puasa. Ngan meureun anu diobrolkeun ku maranéhna mah lain perkara mudik.

“Enya, kitu hadé atuh. Akang mah nyusul piisukaneun lebaran.”

“Mangga. Engké ku Lis dijemput di setatsion. Mun Akang tos badé tumpak karéta, nga-SMS heula nya, supados Lis tatan-tatan.”

“Enya. Kadé barudak talingakeun. Mihapé!”

Isukna, sanggeus sapeupeuting nyiapkeun nu rék dibawa, pamajikan indit dianteurkeun ku badéga. Teu pupuguh, bet kumejot hayang milu. Hayang bareng. Ngan tuluy ras kana pangajak dunungan, cenah mending rapat heula saméméh liburan lebaran téh. Ari hég, dina waktuna rapat, asa teu puguh naon jejerna. Ukur ngobrol ngalér-ngidul, méh taya bédana jeung wangkongan di warung kopi. Minangka nu matak ngangresna mah, basa silih gabrug, papada ménta dihampura.

Pa Joko, diréktur di kantor, nangkeup mani tipepereket bari pok deui-pok deui ménta di hampura. Nu séjénna sarua deuih, papada ngembeng ku cipanon. Atuh mulang ti kantor téh, pangpangna awéwé, balikna mani carindul. Asana taun tukang mah henteu nepi ka kitu. Henteu nepi silih gabrug. Cukup ku sasalaman baé.

*

NGAJANTENG di setatsion, dibaturan koran salambar.

Suku geus singsireumeun. Sahanteuna cindekul sorangan bari ukur ngumbar lamunan. Karéta nu didagoan tacan datang kénéh. Sabudeureun setatsion angger jempling. Tiiseun.

Bet panasaran, kusiwel ngaluarkeun tikét, nu geus dipesen ti minggu tukang kénéh. Angkeuhan téh, mun meulina di setatsion mah sieun teu kabagéan. Horéam ngantrina deuih-jeung enya apan, basa anjog ka setatsion gé nu sok ngaladangan tikét téh teuing di mana. Nu matak tatan-tatan ti tangéhna.

Kerung sajongjongan mah, sabada ngimeutan tulisan dina tikét. Cenah indit téh jam genep soré, nepi ka nu dijugjug jam dua welas peuting. Sigana tadi téh salah téténjoan, da asana mah, indit jam dua welas beurang, nepi jam genep soré. Boa geus lamur panon téh. Atuh meureun kudu ngadagoan tujuh jam deui, da ayeuna kakara jam sabelas beurang. Asa ngampleng pisan, kacipta cangkeulna.

Nyobaan nélépon ka pamajikan, tamba kesel nungguan. Kasebelan, mailbox. Keur naon mamawa hapé ari rék dipareuman mah. Boa kétang di lembur mah euweuh sinyal. Dicobaan di-SMS, pénding. Tungtungna mah teu puguh gawé, ukur mulak-malik koran nu geus risek.

Enya, ari haté mah bet asa hayang aya nu maturan ieu téh. Rék awéwé, rék lalaki, nu penting mah aya batur ngobrol, ngarah teu huleng jentul teuing. Tapi, nepi ka suku singsireumeun, awak karasa cangkeul, euweuh hiji-hiji acan nu ngulampreng ka setatsion.

Ngagayuh ka magrib, lampu di setatsion patinggalebray. Rada reuwas, teuing saha nu ngahurungkeunana. Rarasaan mah geus waktuna buka puasa. Terus waé néangan musola.

Panceg jam genep, kurunyung téh karéta api. Geus mimiti reupreupan, atuh teu katémbong karéta nanahaon nu ngurunyung téh. Karéta bodas, mani nyacas. Di jerona teuing ku caang. Kuring diuk di gerbong kahiji, dina korsi nomer hiji, da kitu nu dicatet dina tikét.

Enya ari caangna mah, tapi naha di jero karéta téh mani kotor. Kekebul narapel, runtah bayatak di ditu di dieu. Padahal apan nu ditumpakan téh karét éksekutif, lain ékonomi. Ras yén isuk téh poé lebaran. Enya meureun, patugas kabersihan geus teu kaburu meresihan runtah. Boa maranéhna geus baralik ka lemburna, ngariung jeung kulawarga, nepi ka lat poho kana meresihan karéta.

Nu matak kagét, di jero gerbong téh ukur ngajentul sorangan. Euweuh deui nu séjénna. Euweuh hiji-hiji acan. Sigana nu tumpak karéta ngaguntung di gerbong dua, tilu, jeung saterusna. Atawa enya kitu ngan sorangan? Ah, naha bet mikiran nu kitu. Apan haté mah geus hayang nepi ka nu dituju. Tangtu pamajikan keur nungguan. Najan basa di-SMS téh pénding, boro-boro méré jawaban.

Teu kungsi sababaraha menit, karéta mimiti ngagerit. Mimiti mah alon, tapi teu lila mani asa ngabelesat tarik naker. Najan ngarérét kana jandéla, henteu katémbong kumaha kaayaan di luar. Nu katempo téh ukur cahaya nu patingjorélat, siga cahaya nu silih samber. Tarik, enya, tarik pisan karéta téh.

Korsi di gerbong hiji, taya nu ngeusian, ngabaris ti hareup ka tukang. Rét ka tukang, sugan aya nu keur diuk, berekah euweuh hiji-hiji acan. Atun lapur euweuh batur ngobrol, iwal ti ngawangkong jeung lamunan sorangan. Bet panasaran, terus baé dipapay ka unggal gerbong. Lebeng, teu manggih jelema hiji-hiji acan. Ukur korsi nu ngabigeu, jeung lulurung karéta nu manjang ti hulu nepi ka buntut.

Bet terus kapikiran, naha pausahaan karéta moal rugi kitu, mawa panumpang ukur sorangan?

Ari sorangan teuing mah, teu ku hanteu, bet ujug-ujug ngarasa keueung. Bulu punduk ngadadak cengkat. Kahayang mah luncat ka luar, ngan sarua jeung nyébakeun manéh, sasat karéta keur nyemprung tarik kacida. Gancang nélépon pamajikan, mailbox kénéh. Tungtungna mah leuleumpangan ti gerbong ka gerbong, bari ngararasakeun hawa keueung nu nyaliara.

Kakara kapikir, naon héséna mun nyampeurkeun ka rohangan masinis. Aya patugas meureun di dinya mah, da asa pamohalan ieu karéta maju sorangan.

Deregdeg ka rohangan masinis. Teu manggih nanaon. Nu katémbong ukur papakas karéta nu geus maké sistim komputer. Rada ngagebeg, basa maca béwara dina komputer: kacepetan karéta 109 méter/detik. Sapuluh pangkat salapan téh apan samilyar. Samilyar méter per detik, teu kacipta sakumaha gancangna.

Ras kana katerangan dina hiji buku. Cék itungan para ahli, kacepetan cahaya téh saratus juta méter per detik. Di ieu dunya, pamohalan aya barang nu bisa lumpat nyaruaan gancangna cahaya. Cék ahli kénéh, mun hiji barang lumpatna geus bisa ngimbangan kacepetan cahaya, waktu téh baris eureun. Mun waktu geus eureun, hartina geus nyorang alam lana.

Samilyar méter per detik, kacepetan ieu karéta. Gebeg téh!***

sumber: daluang.com

Si Kemed Kafir




Kang Warsa

Teuing timana asalna aya beja lamun si Kemed ngagem ajaran anyar. Ajaran sesat da ceunah percaya lamun Jaipong jeung Gendang Penca teh warisan ti Arab Saudi. Inohong-inohong Sunda anu aya di lembur Ciherang asalna mah teu paduli kana eta beja, da kabeh ge geus apal meureun kumaha kalakuanna si Kemed sababarah bulan ieu. Maklumeun anu jalma gelo mah.Ngan nalika ngadenge budaya karuhun anu sakuduna dimumule terus dihina jeung diluluconkeun mah maranehna bijil oge nafsuna. Maenya jaipong jeung gendang penca asal muasalna ti taneuh Arab. Da sakanyaho para inohong mah seni anu asalna ti Arab mah marawis jeung mawalan, katut kitimplingan.

Teu di sawah, di warung jeung jalan, kabeh oge masyarakat urang Ciherang nyoalkeun ieu masalah. Si Kemed geus kaluar tina tetekon kasundaan, kudu diusir ti lembur Ciherang. Kafir tina kesenian, kabadi geus ngaluluconkeun seni warisan karuhun. Mang Suhi salaku kokolot para inohong anu boga paguron penca Silat Ekek Sihungan ngagedir amarahna. Teu lila tina eta sumebarna beja, manehna langsung ngumpulkeun para inohong Sunda anu ngumpul dina paguyuban ” Urang Sunda Motekar”. Ngumpulna teh di bale desa.

Para inohong anu kumpul dina eta gempungan aya Bah Santa ti Paguron ” Heulang Sumbar-ssamber”, Mang Kanta ti paguron ” Meong Congkok Ngadapang”, Aki Hawi ti paguron ” Oray Meulit”, Abah Uus ti Paguyuban ” Bajing Ngajleng”, jeung Abah Ukok ti paguron ” Singa Kekerot”. Maranehna keur ngabahas kudu kumaha carana mepelingan si Kemed anu geus bener-bener kafir jeung kaluar tina tetekon kasundaan.

” Atuh kudu ditaros heula ku saderek, naon alesanna lamun Jaipong jeung Gendang Penca asalna teh ti daerah Arab..” ceuk pa Kuwu Jumena muka eta gempungan.

” leres tah emutan teh pa Kuwu. Mung da sim kuring mah teu minjeung cepil, tetela sareng jentre pisan lamun si kemed nyarios, Jaipong jeung Gendang Penca mah asalna ti Arab ceunah. Lain titinggal karuhun sunda. Pan eta teh sami we sareng nantang tarung patutunggalan ka urang-urang, heit heit!” ceuk Mang Suhi bari pepeta nembongkeun Jurus Ekek hiber, abong keneh guru penca.

” Lain ngan ka maneh wungkul Suhi, oge ka kaula ieu…. Mang Kanta. Lain ari si Kemed teu apaleun kitu saha ari dewek? Ieu mang Kanta ti Paguron Meong Congkok Ngadapang anu keur ngorana dilandihan Pendekar Meong Congkok..” Pokna bari hut het pepeta. ” Hiattt…!” Mang Kanta nembongkeun juru Meong Congkok asup kana Liang Oray.

” Atuh para saderek, saena kedah dikumahakeun tah si Kemed teh?” Tanya pa Kuwu.

” Nya usir atuh ti kampung ieu. Lain antepkeuneun. Lamun hayang tarung heula jeung uing teu burung dilayanan. Ngan dewek mah wani mikeun paguron ” Oray Meulit” lamun nepika eleh tarung ku si Kemed teh” ceuk Aki Hawi bari masang kuda-kuda siap ngabijilkeun jurus Oray Mapay Galengan.

” Bener, urang usir wae tah si orowodol teh!” tempas anu lainna.” Ngan, kuring mah moal pipilueun. Sieun disalahkeun ku pa camat.” Ceuk Kuwu Jumena.” Nya tenang we, ieu mah tanggungjawab kami, pak Kuwu!” ceuk Mang Suhi.

###

Si Kemed keur anteng macul di tukangeun imahna. Rek melak sampeu jeung boled. Susuganan ceunah melak sampeu jeung boled mah bakal untung. Da ari melak sampeu jeung boled mah teu kudu dipupusti siga melak cacim atawa sayuran anu sejenna. Geus beres macula, cub cleb sampeu jeung boled dipelakeun.” Aehhh!” pokna bari nepak tarang anu lukut-leket ku kesang. ” Karak nyadar dewek, ari deblo jeung gegetuk teh asalna tina sampeu. Beuh… teu hayang teuing lamun dewek kudu melak sampeu meureun engke lamun panen teh dijualna ka si Ohi si Buta hejo! Teu sudi, moal jadi ah dewek melak sampeuna!”Kuniang manehna hudang, dekul nyabutan deui tangkal sampeu anu geus dipelak. Beleweng-beleweng dibalang-balangkeun kamana karep. Amekanna ngahegak, awak boborot ku kesang. Regot nginum cai sateko dibeakeun sakaligus. Eureuleu teurab, bangun anu nikmat. Geus wanci pecat sawed harita teh.

” Cukup melak boled we. ” gerentes hatena.

Sabot keur diuk. Kadenge asa sora sing gorowok, malah kadenge sora tarompet, gendang jeung goong ditabeuh.

” Kaluar maneh kemed!”

” Kemed Kafirrr, kaluar!”Sora anu sing jorowok beuki deukeut. Tatabeuhan beuki gandeng, hanjakal we teu make sinden.

Si Kemed panasaran. Berebet lumpat ka hareup. Manehna reuwas, nenjo jalma meni loba pisan sing gorowok di hareupeun imahna. Anu matak heran mah, naha pra inohong Sunda oge pipilueun jeung ulubiung dina eta kariaan. Sora tarompet ngajelengeng. Sababraha urang mah bari menca sagala nembongkeun kabisana.

” Tinggalkeun lembur Ciherang, Kafir!” pok Aki Hawi bari ngamangkeun bedog.” Dasar jalma adean ku kuda beureum siah, moal enya gendang penca jeung jaipong asalna ti Arab!!”

” Patojaiah siah boga apamadegan teh. Geus ngaraheutekeun hate urang Sunda!”

Si Kemed hulang-huleung, teu ngarti kana ucapan para Inohong anu nyebut kafir jeung ngajejeleh manehna.

” Aya naonnnnnnnnnnnnn?” si Kemed leungit kasabaranna. ” Teu ngarti dewekkk mahhh kana makud siralaing!”

” Kalah pura-pura silaing teh Kemed Seblu!”

” Aya naonn!!!” si Kemed ngacungkeun pacul.Atuh anu aya didinya kabeh oge marasang jurus nenjo si Kemed geus ngacungkeun pacul mah.

” Seranggggg!” ceuk Aki Hawi, belewer-belewer batu jeung barang anu sejenna dibaledogkeun ka imah si Kemed.

Berebet si Kemed lumpat deui ka tukang, hari hah heh hoh.

” Jadilll teh aya naon sichhh… asa teu ngarti dewek mah. Itu geura imah aing diruksak.. beuh kenteng nepika pareupeus kitu… boa geus garelo manusa teh!” ceuk si Kemed bari nyumput dina tangkal Sukun.

” Runtuhkeun imahna!” ceuk Kang Suhi.Dorokdok imah panggung anu geus butut teh runtuh pada ngagunyang-ganying ku jalma-jalma, brukk runtuh rata jeung taneuh.

” Itu geura, imah dewek nepika runtuhna kitu. Aya naon ieu teh aing asa rieut ieu sirah!” si Kemed masih can ngarti da memang teu kaharti atuh.

Jep, jempling. Imah geus rata jeung taneuh, jrut si Kemed turun tina tangkal Sukun, panonna teu ngiceup, olohok ngembang kadu mata simeuteun nalika nenjo imah anu geus rata jeung taneuh.

” Dewek molor dimana peuting ieu!?” ceuk si Kemed. ” aing moal cicingeun, rek dilaporkeun siah kajadian ieu ka pa Kuwu.”

###

” pokona kuring menta ganti rugi!” ceuk si Kemed peupeuleukeuk ka sakabeh anu aya. ” makana sagala rupa teh kudu asak sasar, komo silaing siah Suhi kantun we boga Paguron Ekek Sihungan asa teu pantes siah boga paguron jeung lamun bisa mah ganti tah ngaran paguron teh ulah Ekek Sihungan. Alusna mah jadi Dulang Nangkarak! Atawa boboko Nangkuban!”

” Heeueuh hampura, ari sugan teh maneh anu nyebutkeun asalna Jaipong jeung Gendang Penca ti Arab teh, Kemed!”

” Ah rupa-rupa siah neangan alesan teh. Dewek mah tong boroning ngucapkeun kitu, dalah ngalelewa kana budaya sorangan mah asa palalaur, sieun kabadi. Manasina siralaing, beja teuing timana asalna langsung wae percaya, malah aya anu nyebut ka dewek Kafir sagala!”

Anu aya didinya sili salahkeun.

” Geus we atuh ayeuna mah urang udunan keur menerkeun deui imah si Kemed. ” Ceuk Kuwu Jumena. ” Kira-kira sabarahaeun tah maneh menta ganti rugina, Kemed!”

” Lah moal gede-gede, saratus juta wae!”

” Hahhhh, saratus juta???” Anu aya di dinya karaget.

” teu salah eta teh Kemed?”

” teu!” tembal si Kemed. ” Lamun teu wani nya ku dewek masalah ieu rek diangkat lewat jalur Hukum. Kumaha sanggup teu?”

” Kumaha atuh?” Tanya pa Kuwu.

” Nya satujuan wee…!” ceuk Kang Suhi salaku kokolot para inohong.

” Hahaha!” si Kemed seuri semu gumbira. ” Hahaha… geu we da kuring mah lain manusa tukang dendam. Nu penting mah imah dewek aya deui, bereskeun, keun dae panggung oge..!

“Atuh anu aya di dinya teh eak-eakan teu ari bari gogoleran mah, bakating ku atoh.

Dua minggu ti harita, imah si Kemed geus alus deui, leuwih alus tibatan anu kamari.Bari susuruputan, elengeh-elengeh manehna seuri sorangan.

” Hahaha… gampang geuning hayang diomean imah mah. Teu pira ku ngucapkeun ” Jaipong jeung Gendang Penca” teh asalna ti Arab!” suruput nginum kopi deui bangun nikmat. ” kumaha mun dewek isukan ngomong yen Bedug di masigit teh lain budaya Islam tapi budaya suku Dayak nya? Huahaha… jigana dewek bakal dipangnyieunkeun gedong tah!”

Lengak-lengak, barakatak-barakatak manehna seuri sorangan.

wancik ti : http://fiksi.kompasiana.com

Thursday 3 March 2011

Si Kabayan Ngala Nangka


Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan d

ipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”

“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.

“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.

“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,)
Sumber: http://bujanggamanik.wordpress.com