Kakawasaan (power) téh sipatna abstrak, tapi gedé pangaruhna kana kahirupan dina hirupkumbuh. Aya kakawasaan formal, anu dicekel ku jalma-jalma nu dibarendo, calik jadi ménak (pejabat) pamaréntah atawa nagara. Aya kakawasaan informal, anu kapanggih di diri para tokoh masarakat, anu sanajan henteu nyangking kalungguhan formal pamaréntahan, tapi sagala omongan sarta paréntahna diéstokeun ku balaréa. Biasana jalma nu kitu disebut kagungan karisma, atawa tokoh karismatis.
Sakapeung aya jalma anu nya tokoh karismatis, nya jeneng nyangking kalungguhan di pamaréntahan. Idéalna mah mémang unggal pejabat téh miboga kharisma, sangkan diambeuan jeung diéstokeun ku bawahan jeung lingkunganana. Tapi ayeuna di urang geus lila henteu aya pejabat anu karismatis ku sabab pribadina miboga wibawa anu matak sérab jalma sabudereunana. Ayeuna mah pejabat téh dicekel ku jalma nu “kaanggo” ku dunungan ku sabab pinter ngalakukeun ABS (Asal Bapa Senang) atawa AIS (Asal Ibu Senang). Jeung ayeuna mah pejabat téh sok otomatis dianggap pamingpin, sanajan henteu miboga wibawa. Padahal pikeun jadi pamingpin mah jalma kudu miboga wibawa jeung karisma. Ari wibawa jeung kharisma henteu bisa dibisluitan da éta mah tumuwuh bareng jeung jalmana anu omongan jeung kalakuanana diajénan ku lingkunganana. Pikeun diajénan ku lingkungan henteu bisa didadak cara anu diangkat jadi pejabat ku nu keur nyekel kakawasaan formal.
Pangipukan calon pamingpin téh organisasi anu séhat. Tapi organisasi di urang ti wangkid jaman Démokrasi Terpimpin ku PBR (Pemimpin Besar Révolusi) Bung Karno geus dikabiri. Organisasi anu wani némbongkeun pamanggih anu béda jeung anu resmi, komo anu wani entang-entangan ngiritik mah dibubarkeun atawa dilarang. Dina ngayakeun pilihan pamingpin organisasi anu démokratis dina mu’tamar atawa kongrés, pamaréntah salilana sok pipilueun. Lamun jalma anu kapilih téh lain anu dipikaresep ku nu keur nyekel kakawasaan, pamaréntah nolak hasil hasil kongrés atawa mu’tamar téa, kalawan alesan “teu meunang clearence”, “teu disatujuan” ku pamaréntah jeung réa deui. Biasana sok diayakeun mu’tamar atawa kongrés deui anu milih jalma anu dipasang ku pamaréntah di éta organisasi. Cindekna kabébasan némbongkeun pamanggih jeung ngayakeun organisasi anu dijamin dina Undang-undang Dasar, sacara démonstratif dirumpak ku pamaréntah. Boh pamaréntah Orde Lama boh pamaréntah Orde Baru. Tur teu aya anu wani ngélingan, sabab sakabéh jalan geus dipeungpeukan.
Sabada Orde Baru rungkad, dina jaman réformasi, nepikeun pamanggih jeung ngawangun organisasi atawa partéy téh jadi bébas. Jiga anu mabok, jalma ngagunakeun saban kasempetan pikeun nepikeun pamanggih atawa kahayangna, bari henteu merhatikeun merenah henteuna. Protés jeung démonstrasi méh saban poé kajadian di sakuliah Indonésia, kalawan alesan anu rupa-rupa. Lembaga éksékutif anu dina jaman Orde Lama jeung Orde Baru nyekel kakawasaan anu mutlak, sabada jaman réformasi mah kakawasaanana jadi ngurangan. Sabalikna lembaga législatif anu dina jaman Orde Lama jeung Orde Baru ngan ukur jadi “yésmén” kahayang éksékutif, miboga kakawasaan nu leuwih gedé, nepi ka kaum éksékutif ngareunteut haténa.
Tapi boh di lembaga éksékutif boh di lembaga législatif, para pejabat anu lain pamingpin nu miboga wibawa jeung karisma, kalakuanana némbongkeun motivasi anu sarua: nu penting meunang fasilitas jeung kauntungan (finansial) nu maksimal bari henteu dipatalikeun jeung tanggungjawab.
Cindekna nu ayeuna rendang di urang, lain pamingpin, tapi para pejabat anu mareunang kakawasaanana téh ku jalan silih sokong pada baturna. Pangpangna batur sapartéy. Dina undang-undang anu dijarieun ku maranéhanana kakawasaan téh nyoko dina partéy. Nu meunang nyalonkeun, nu meunang nyekel jabatan, kudu disokong ku partéy. Jalma anu lain anggota partéy anu geus diaku, sanajan némbongkeun kamampuh anu ngayakinkeun, baris dianggap andar-andar nu teu bisa nyekel jabatan publik. Kakara lamun disokong ku partéy bisa dicalonkeun. Tangtu baé sing saha anu hayang dicalonkeun ku partéy kudu nedunan paménta partéy. Tur lain duit baé.
Padahal tina rupa-rupa riset jeung polling, sidik yén kapercayaan warganagara ka partéy téh rendah pisan. Hartina partéy téh geus henteu dipercaya deui ku réréana warganagara. Partéy anu dianggap jadi sokoguru démokrasi, henteu ngagambarkeun aspirasi rahayat. Sabab partéy, sakabéh partéy, geus dikeukeuweuk ku kaom vested interest anu kadedemes kana kakawasaan. Kakawasaan digunakeun keur kapentingan diri jeung golonganana, partéyna. Jeung tujuanana taya lian ti kauntungan finansial.
Nepi ka ayeuna henteu katémbong kumaha carana ngarobah kaayaan anu henteu nguntungkeun rahayat jeung nagara téh. Nu bisa ngarobah saenyana kaom législatif anu bisa nyieun undang-undang anu nguntungkeun rahayat jeung nagara. Tapi lembaga législatifna apan ayeuna disirekeman ku partéy-partéy anu moal téa daékeun nyieun undang-undang anu baris ngarorod kakawasaanana.
Dina politik mah tara ieuh aya pihak anu sadrah daék masrahkeun kakawasaan anu keur dicekel ku manéhna ka nu lian. Salilana kudu direbut baé. Boh sacara démokratis - ku jalan ngayakeun padu pabisa-bisa mangaruhan balaréa. Hal ieu susah dilaksanakeun sabab jalan ka dinya sasatna geus dipeungpeukan ku nu ayeuna keur nyekel kawasaan. Sanajan kitu saenyana masih aya lolongkrang pikeun pihak anu hayang ngarobah situasi kiwari, tapi tanwandé merelukeun sumanget jeung stamina anu lain lumayan. Éta téh bari henteu nyebutkeun dana anu tangtu lain saeutik. Tapi nya dinya masalahna téh, kudu aya anu ngabuktikeun yén pangaruh jeung kakawasaan bisa direbut bari jeung henteu ngagunakeun duit.***
Éséy Ajip Rosidi (www.cupumanik.com)
12 Comments
nyarios perkawis kakawasaan... ieu ge nuju ngantosan telepon ti pamarentah sugan we ka anggo di kabinet nu enggal ... he3 nepangkeun abdi ti intermezo nya kang... :)
ReplyDeleteBener pisan lur, dimana aya anu sadrah sumerah pasrahkeun kakawasaan. Ngarana ge jelema, arek di Orla, Orba atawa orde reformasi kiwari aya wae nu hayang ngatur organisasi batur. Ngan cara ayeuna mah beda jeng jaman orla atawa orba. Coba we palire kana munas golkar atawa munas-munas lain, pasti aya tarik ulur jeng pangawasa ayeuna.
ReplyDeletePusinglah mun ngabandungan jelema di urang mah. Ti baheula hayang nurutan walanda bae. Bisana ngan ngajajah sanajan ka bangsa sorangan.
Good post lur...
punteun....bade nyenggol sakedap ah....salam kenal dari budak cibuluh....aih..aih..blog-na keren euy...
ReplyDelete@ intermezo ... sip lah, mugi2 sing laksana :)
ReplyDelete@ NeSaCk ... tos kitu we ti ajali na, kantun urang nempatkeun nana nya ki dulur ?
@ blog buat bisnis ... salam oge lah, hatur nuhun
sae pisan informasi na..
ReplyDeletekaga ngerti bahasanya :)
ReplyDelete@ zein ... hatur nuhun :)
ReplyDelete@ php ... tah ieu salah sahiji karagaman budaya endonesia teh
sae lah kanggo pangeling-ngeling ka urang sadaya, boh ka calon pejabat atanapi rakyat biasa siga abdi :-)
ReplyDeletenice info bro
ReplyDeletekeep sahring ya
permeos...
ReplyDeleteinfo yg menarik, thanks dah berkunjung n komen.
pakai ba haso apo ko...mangecek jo ba haso indoensia selah..bia urang banyak nan mangarati.
ReplyDeletekalau co iko paniang awak nyo. bia seh idak sato
tarui selah jo ba haso tu.
@ tatan ... insya aloh, mun teu urang, saha deui atuh anu ngelingan ?
ReplyDelete@ nada ... sami2... keep sharing lah :)
@ dilla ... :)
@ tarsi ... hidup lah budaya endonesia :)