be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Monday 26 July 2010

Si kabayan ngalamun

Mitoha si kabayan keuheuleun pisan, sabab si kabayan sok ngalamun wae. di gawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari ngalamun komo di pacilinganmah mani beuki anteng ngalamuna teh…

sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di sawah mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh di bawa kaimah de tembongkeun ka pamajikanana.

“sukur, ka dieu urang kulub, keu si encid (budakna red.)” ceuk pamajikan si kabayan.

“montong” tembal si kabayan, “anggurmah rek di pegarkeun, di pilukeun kana hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum” tembal si kabayan. ti dinya endog teh di teundeun hareupeunnana bari di taksir.

“kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek ngisikan heula” ceuk pamajikan si kabayan bari ngajinjing boboko rek ngisikan di pancuran.

si kabayan cingogo di harudum sarung bari nyanghareupan endog. budak mah di antep wae sina kokorondangan dina palupuh, ari manehna anteng ngalamun deui, kieu ngalamuna teh….

“endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog deui. umpamana wae ngendogna sapuluh terus di pegarkeun deui, megar deui jadi boga sabelas meri tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan jadi boga 110 endog, beuki lila meri teh beuki loba. endogna oge pasti beuki loba. aing rek jadi bandar endog, endog di jualan aing jadi loba duit. duitna di beulikeun domba bikang. domba na baranahan tepi ka aing loba domba, dombana di jual kapasar, terus di beulikeun munding sarakit, munding oge baranahan, aing bakal loba munding… adeuh..huhuy… munding aing mani rendang di sawah…….”

keur kitu, geprak wae endog si kabayan teh di baledog ku pamajikanana tepi ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.

“kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan, tuh tenjo si encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da di antep wae…”

si kabayan kalahka molotot ka pamajikannana.

“kunaon munding aing di ruksak ku maneh..? rasakeun ieu paneunggeul..” ceuk si kabayan bari ngamang-ngamang sapu.

pamajikan si kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna, bari ngais budak. si kabayan ngudag bari angger ngamang-ngmang sapu.

mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka si kabayan.

“ku naon maneh teh kabayan kawas nu teu eling..”

“bongan munding uing di ruksak ku si iteung..”

“na timana maneh boga munding…?”

“pan tina ngajual ladang endog asal na mah..” tembal si kabayan

“bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna kacingcalang..” si iteung nambalang

“euh kitu..” ceuk mitoha si kabayan..” paingan atuh kebon aing, mani ledug di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh gantian, mun teu di gantian di laporkeun ka pulisi..”

“ampun pa..” ceuk si kabayan ” abdimah teu gaduh bulu-buluna acan munding teh, eta mah lalamunan. hayu iteung urang balik..” si kabayan ngajak balik kapamajikanana.

mitohana gogodeg.

isukna si kabayan dititah ngala kalap ku mitohana, tina sapuluh kalapa, si kabayan bakal di buruhan kalapa sa hulu. si kabayan atoheun pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.

barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela-sela dahan kalapa, teng wae ngalamun.

“buruh ngala kalapa rek di jual, ladangna di beulikeu kana endog hayam, tuluy di pegarkeun, pek di ingu. hayamna beuki loba, endogna ge rea deuih, endog di jual ka pasar, aing jadi bandar endog. tina ladang endog aing rek meuli domba, domba oge ngareaan…. aing jadi bandar domba, tina bati domba aing rek meuli munding… eh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak sawah mitoha… ah rek meuli kuda wae. kudana kuda balap.. kuda ustrali nu jangkung tea, aing jokina…plok..plok kudana di lumpatkeun…”

bari ngalamun kitu teh si kabayan reurendeukan dina palupuh kalapa.

“kuda teh beuki tarik lumpatna… horseh kotoplak…kotoplak……” sikabayan beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi ka palapah teh pepelenoyan. kulantaran motah teung palapah teh potong, sikabayan ngoleang kabawa ku palapah kalapa. gebrus wae ka balong. untungna kalapa teh sisi balong, si kabayan pipina bared keuna regang awi, sukuna tipalitek, untung teu maot oge.

ti harita sibayana kapokeun deui ngalamun dina tangkal kalapa…..

Persib aing taun 80-90 an

 Rumasa, kuring téh kuduna geus kaasup sabagé anggota rombongan BOBOKO (bobotoh kolot).
Barina gé ku teu pati akrab-akrab teuing ka kumaha bungkeuleukanna Persib jaman kiwari mah.

Bobotoh jaman ayeuna mah bagéa, meni bisa talertib - katalatur siga aya nu ngomandoan waé (hehehe... enya kétah, pan ayeuna mah geus aya "panglima"na). Baréto mah nya kitu wé lah, bobotoh téh teu dikomandoan gé daratang ti suklakna ti siklukna ari si Pangeran keur tandang ka Senayan mah. Teu weléh ti sakuliah Jawa Barat, lain ngan anu ti Bandung wungkul. Apan Persib téh geus jadi jatidiri keur nu ngarasa sabagé urang Sunda mah.

Kunaon maké dilandi "si Pangeran Biru" ?
Atuh puguh da kostim-na pan pulas bulao. Jaman perserikatan mah asana téh euweuh deui kasawelasan punjul anu kostim-na bulao salian ti Persib.

Naha Pangeran ?
Nya puguh, da pantes. Pan barudak lalaki anu maréngbalna.
Oooh... éta téh kutan kulantaran ari keur tandang, para suporter teu burung disuguhan ku "permainan cantik nan mematikan" á la Persib. Pantes pisan atuh dilandi Pangeran mah da ari keur di lapangan mah pamaén Persib teh meni pada mangrupakeun "kijang kencana".

Ari jaman makalanganna anu kaalaman langsung ku kuring mah nyéta basa Persib ngaraja dina lalaga paméngbalan nasional taun :
'83 & '84 : 0-0 & 2-2 vs PSMS Medan; éléh adu pinalti duanana. Coba mun euweuh Ponirin Meka mah, da pastina pan lebeng lawang gul tim ti Medan téh, da euweuh kiperan! Jaba pan si Nomer 10 téh keur kinclong-kinclong-na!
'86 : 1 - 0 vs Perseman Manokwari; jaman si Adolf "Mutiara Hitam" Kabo, anu pernah api-api éléh 6 - 0, ku saha nya, poho!,
'90 : 2 - 0 vs Persebaya; si Putu Yasa maju teuing ka hareup, bék Persibaya Subangkit ngoper tarik teuing atuh jadi gul bunuh diri, terus babak kadua Kang Dede Rosadi noél bal ku dampal suku kénca anu dilipet di tukangeun nu katuhu, ngagulkeun nu kadua. Tapi anu istiméwa ogé, dina semipinal (3 - 0 vs PSM Ujungpandang), gul nu kadua, bal dioper ti sayap katuhu, si nomer 6 maju ka hareup terus megat muntah balna anu masih kénéh ngapung di udara. Disipat ku tungtung luar suku katuhu. Jelebeeet... GUL!!!! Halaaah.. Kang Robby éta gul téh pangsaé-saéna anu kapanonan sorangan ku abdi! Jeung éta deuih, kuduna kiper urang téh pada wanian siga Kang Samai S., basa Kang Ade Mulyono aya nu némprang tarik pisan, Kang Ade ogé nepi ka gugulitikan, beretek Kang Samai lumpat sataker kebek ti daérah gawang, aya kana satengah lapangna mah. Éta pamaén tim lawan anu jail téa diudag nepi ka kabur tipaparétot ka sisi lapang, LoL!
'93 : 2 - 0 vs PSM Ujung Pandang; jadi jawara dina lalaga sepakbola perserikatan anu pamungkas) & '94 (1 - 0 vs Petrokimia Putra; jadi jawara "Ligina" édisi kahiji)

Tah nepi ka ayeuna can aya deui catetan préstasi anu cukup nyugemakeun. Beu!...