be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Monday 18 January 2010

Heurin ku Létah



Paribasa heurin ku létah dina basa Sunda ngagambarkeun jalma anu henteu laluasa nepikeun kereteging atina ku rupa-rupa sabab. Bisa jadi ku sabab rék barangpénta sieun dipersabenan. Bisa jadi ku sabab ngarasa éra, henteu kaduga da ngarasa manéhna mah lain jalma anu satata jeung anu diajak nyarita. Bisa jadi henteu wani ku sabab bisi disalahkeun, atawa dianggap teu merenah.

Dina éta paribasa digambarkeunana jalma anu rék nyarita henteu laluasa téh ku sabab sungutna kaheurinan ku létah, hartina pinuh ku létah nepi ka hésé rék nyarita. Biasana ku sabab henteu wani ngedalkeun kereteging atina da kahalangan ku rupa-rupa karémpan. Pangpangna lamun kudu nyarita di hareupeun gegedén. Urang Sunda mah geus ratus-ratus taun hirup biasa ngawula, akibat tina kungsi dijajah ti jaman Mataram dina abad ka-17. Lain baé basa Sunda gé disina nurutan basa Jawa ngagunakeun unggah-ungguhing bhasa atawa undak-usuk basa anu ngahaja dijieun pikeun ngabéda-bédakeun harkat jelema. Akibatna ana nyanghareupan gegedén atawa pangagung, henteu weléh ati-ati ari nyarita, bisi salah, sabab ceuk aturan undak-usuk basa mah salah nerapkeun kecap téh jadi dosa anu pohara gedéna, nepi ka dianggap dusun meledug nu jauh ka bedug.

Sanggeus jadi bagian nagara Républik Indonésia anu démokratis ogé, méntalitas sieun ku gegedén jeung pangagung, nepi ka ngarasa heurin ku létah, masih kénéh kandel. Lain baé nyanghareupan gegedén éksekutif tapi nyanghareupan gegedén législatif ogé sarua. Kitu deui ari nyanghareupan gegedén yudikatif.

Padahal apan gegedén législatif téh formalna mah wakil rahayat. Hartina jadi gegedénna téh ku lantaran dipilih ku rahayat. Tugasna satungtung jadi wakil rahayat téh apan mangnepikeun gerentesing ati rahayat anu diwakilanana, ngabéla kapentingan rahayat anu milihna. Sangkan terangeun kumaha saenyana kaayaan, kahayang jeung pikiran rahayat, para wakil rahayat téh kudu meunang asupan ti rahayat anu diwakilanana. Lamun rahayat sorangan henteu wani nepikeun pikiran jeung kahayang anu aya dina haténa, kumaha para wakil rahayat téa terangeunana kana kaayaan jeung kahayang nu diwakilanana. Lamun teu aya nu méré bahan-bahanna, kumaha wakil rahayat rék memperjuangkeunana? Kitu sotéh lamun urang percaya yén wakil rahayat téh maksudna rék memperjuangkeun nasib jeung kapentingan rahayat, hartina lamun para wakil rahayat téa terangeun kana tugasna jeung hayangeun ngalaksanakeunana.

Dina jaman kiwari anu rék ngipuk démokrasi, kawani nepikeun pikiran jeung kahayang téh jadi hak, malah kawajiban unggal warganagara. Ngan lamun warganagara wani jeung ngarasa bébas nepikeun kereteging atina jeung kahayangna, wakil rahayat bisa berjuang pikeun ngahontalna. Hartina lamun kasaksian yén para wakil rahayat henteu ngalaksanakeun kawajibanana ngabéla kepentingan rahayat, rahayat ulah rék ngarasa heurin ku létah negor wakilna. Ngan lamun ti dua pihakanana, nu ngawakilan jeung anu diwakilanana pada-pada niat babarengan ngabéla kepentingan bangsa jeung nagara (kaasup rahayatna), pamaréntahan baris jalan sakumaha mistina.

Nu jadi masalah di urang di Indonésia dina ngipuk démokrasi, rahayat henteu réa ilubiungna ku sabab sering ngarasa heurin ku létah, da tacan dibiasakeun nyarita bruk-brak di hareupeun pangagung, bubuhan geus lila teuing rahayat urang mah hirup di alam féodal. Anu kudu nurut baé kana paréntah kaum ménak anu jareneng, anu dianggap leuwih terang kana sagala hal anu patali jeung kahirupan pamaréntahan. Lamun nepikeun kereteging atina satarabasna sieun dibenduan, hég waé engké kahalangan réputasina dina kapangkatanana. Numatak (atawa mangkaning) urang Sunda mah pangsieuneunana leungiteun bisluit, da nganggap hirupna gumantung kana bisluit, sanajan sapoéna paling henteu maca ayat anu mangrupa jangji yén moal gumantung salian ti ka Allah paling henteu 17 kali. Dina prakna mah sieun kénéh ku dunungan anu sawenang-wenang manan ku Allah anu cenah Maha Kawasa tur Maha Welas Asih tur aya firmanNa anu nyaurkeun yén nya Anjeunna anu baris ngajamin rezeki mahlukNa.

Palebah dieu sidik yén ngajak sangkan wani nyarita bruk-brak, henteu heurin ku létah téh lain pagawéan gampang. Rahayat anu geus ti luluhur béh ditu kénéh sikepna kumaha kersa nu dibendo baé, henteu babari dirobah méntalna sangkan bisa nyarita tatag nepikeun pikiran jeung pamanggihna. Sangkan tatag nepikeun pikiranana, apan kudu dilatih ti leuleutik barudak téh dilatih nyusun pikiran, ngedalkeunana dina susunan kalimah anu rapih sarta ngagunakeun arguméntasi anu babari kahartieun ku nu diajak nyarita. Pangajaran nyarita di sakola jigana geus lila henteu mentingkeun hal éta. Nu matak lamun ngabandungan nu nyararita, asa tara puguh alangujurna, nu penting ramé kadéngéna. Di antara bangsa urang ayeuna timbul anggapan yén ngadu arguméntasi téh pacowong-cowong ngomong, patarik-tarik nyarita. Malah lamun perelu ditungtungan ku ngadu peureup jeung siku. Adegan anu adu jotos di gedong perwakilan rahayat geus sering kajadian.

Kudu ditéangan carana kumaha sangkan barudak urang ti leuleutik kénéh ulah diajar jeung dibiasakeun ngarasa heurin ku létah, tapi kudu diajar nyusun pikiran jeung nyusun arguméntasi pikeun rebut bener jeung ngabéla kapentingan balaréa. Démokrasi baris tumuwuh dina alam ngadu bebeneran ku pikiran jeung arguméntasi lain ku pacowong-cowong jeung paheuras-heuras genggerong, komo deui ku tonjok jeung jotos mah. Komo deui ku paréa-réa balad anu daraékeun ngarurug sarta nyaremkeun pihak anu henteu sapamadegan jeung dirina bari ngagunakeun ancaman jeung kakerasan mah.***

Sumber : http://ajip-rosidi.com

Basa Lisan jeung Tulisan



Lamun urang Sunda geus henteu ngagunakeun deui basa Sunda, basa Sunda baris disebut basa paéh cara basa Latén, Sangsakerta jeung Kawi. Lamun geus kitu naha aya kénéh nu disebut urang Sunda atawa (suku) bangsa Sunda? Lamun nyekel kana kacapangan “basa téh cicirén bangsa” tanwandé moal aya deui nu disebut urang Sunda atawa bangsa Sunda téh. Kuring kungsi nuduhkeun yén lamun nu dipimaksud ku bangsa di dinya téh sarua jeung nation, kaliru, da éta paribasa anu dipulung tina paribasa Malayu mah nuduhkeun orang berbangsa, nu hartina sarua jeung bangsawan. Harita mah ngan kaom bangsawan anu basana rapih, da kungsi diajar metakeunana luyu jeung aturan.

Tapi aya-henteuna urang Sunda mah mémang gumantung kana hirup-henteuna basa Sunda. Lamun basa Sunda kagolongkeun kana basa anu geus paéh, atuh urang Sunda gé baris henteu aya di kieuna deui. Ayana urang Sunda gumantung kana ayana basa Sunda. Tapi naha urang Sunda saladareun yén éksisténsina gumantung kana basa anu ku maranéhanana ayeuna henteu dianggap penting? Sabab ari kamurnian “darah” mah geus henteu bisa dicekel deui, bubuhan cék paribasa gé cinta mah buta (= lolong, lain danawa), lamun geus neundeun katineung sok tara tatanya asal-usulna deui. Ari gok, pruk wéh. Komo da ayeuna mah barogaeun anggapan yén cinta mah bébas. Jodo mah sok tara pancakaki.

Basa Sunda téh basa anu digunakeun ku urang Sunda sapopoé. Ayeuna masih sering kénéh digunakeun dina gunem-catur sapopoé, pangpangna di pilemburan. Di kota mah, urang Sunda umumna ngarasa leuwih “géngsi” lamun ngagunakeun basa Indonésia dalah di lingkungan kulawargana: jeung anakna, jeung salakina atawa pamajikanana.

Basa Sunda lain ngan dipaké gunem-catur sacara lisan baé. Tradisi maca jeung nulis dina basa Sunda geus mangabad-abad umurna. Naskah nu pangkunana asalna ti awal abad ka-16. Ditulis ku aksara anu ayeuna disebut aksara Sunda Kuna. Sabada dijajah ku Mataram, basa Sunda gé sok ditulis ku aksara Jawa (hanacaraka). Malah sabada aya sakola anu diadegkeun ku Walanda mah nya aksara Jawa anu diajarkeun téh, tapi disebut Aksara Sunda, nepi ka réa urang Sunda anu nyangka hanacaraka téh aksara Sunda pituin. Salian ti éta basa Sunda téh sok ditulis ku aksara Arab pégon atawa aksara Arab gundul. Ayeuna mah prah basa Sunda ditulisna maké aksara Latén. Saenyana basa Sunda ditulis ku aksara Latén téh kakara prak dina abad ka-19.

Naskah-naskah anu kapanggih di Tatar Sunda, lain ngan anu ditulis dina basa Sunda baé. Réa naskah anu ditulis dina basa Jawa jeung Malayu deuih, boh anu ditulis ku aksara Arab Pégon, aksara Jawa (hanacaraka), boh anu ditulis ku aksara Latén. Nuduhkeun yén urang Sunda sok maké basa séjén salian ti basana sorangan.

Cék para ahli pernaskahan, nu ditulis dina basa Sunda Kuna maké aksara Sunda Kuna téh henteu nepi ka 200 naskah jumlahna. Tur naskah anu sakitu téh réréana masih tacan kabaca ku ahlina, da di jagat gorombyangan anu sakieu legana téh anu bisaeun maca aksara Sunda Kuna ayeuna moal nepi ka 10 urang. Tur kabéhanana geus katalian ku pancén masing-masing nu taya patalina jeung naskah Sunda Kuna, ku kituna maca naskah Sunda Kuna mah henteu jadi pagawéanana sapopoé, da lamun manéhna museurkeun perhatian kana macaan naskah Sunda Kuna, moal bisaeun hirup. Bubuhan macaan naskah Sunda Kuna mah henteu bisa dijadikeun pacarian anu ngahasilkeun napakah.

Padahal éta naskah-naskah téh ditulisna dina dangdaunan anu geus disimpen leuwih ti saabad, réréana geus raruksak. Lamun nepi ka ancur téh, urang Sunda anu jadi ahliwaris éta naskah, lapur moal terangeun kana eusina. Mangkaning tina sawatara naskah anu geus kaburu dibaca sarta dibuka eusina ku para ahli, naskah-naskah Sunda Kuna téh marunel sabab réa ngaguar masalah étika nu ngagambarkeun palasipah hirup urang Sunda nu ayeuna geus tara kapanggih deui dina hirup nyata urang Sunda sapopoé.

Aya kaagul urang Jawa kana naskah-naskah basa Kawi anu disebut Jawa Kuna. Aya kaagul urang Bugis kana naskah La Galigo anu mangrupa épik nu pangpanjangna sadunya. Tapi tacan kadéngé aya urang Sunda anu agul ku naskah-naskah titinggal karuhunna. Da mun seug aya, tangtu baris ngusahakeun mukakeun naskah-naskah Sunda Kuna téa, paling henteu anu masih kénéh bisa dibaca. Antarana ku jalan ngusahakeun sangkan para ahlina anu ngan saeutik téa bisa junun nyanghareupan éta naskah.

Lamun naskah-naskah téa nepi ka ancur saméméh kabuka eusina, tangtu réa kakayaan ruhani urang Sunda anu milu sirna. Urang Sunda ayeuna henteu kabiruyungan terang kana eusina, kana warisan ruhani ti karuhunna. Padahal ngawaragadan macaan naskah-naskah Sunda Kuna téa moal nepi ka nyaruaan waragad pikeun upamana anu diancokeun pikeun nyieun proyék Kampung Sunda anu henteu puguh kumaha jadina. Ngan hanjakalna téh nyaéta, urang Sunda, para pajabat Sunda, boh di Pusat boh di Pémda, henteu aya anu neundeun minat pikeun terang kana warisan ruhani karuhunna anu disimpen dina naskah-naskah Sunda Kuna.

Sumber : http://ajip-rosidi.com