be inspiration with SUNDA friendship spirit

Responsive Ads Here

Friday 31 July 2009

Award Munggaran



Award munggaran di kintun kaping 28 Juli 2009 ti ateh75, hatur nuhun pisan. Teras, award anu sami oge di kintun Eris Agustian kaping 29 Juli 2009.



Award ka dua, di kintun kaping 29 Juli 2009 ti dEstya

Sobat lian anu parantos kengeng award :
01. Rizky
02. Omtomi
03. Blognyaipank
04. My Music
05. Avanca Linux
06. elby84
07. jasadrafter
08. dedy-rahmat74
09. Simple Forex
10. Lisung Galung Galiang

jazakallah kanggo ateh75 ,Eris Agustian sareung dEstya anu parantos maparin award. Uhibbuka fillah akh. kanggo sobat-sobat anu parantos kengeng award iue, teuteup sumanget ngeBLOG, jazakumullahu khairan katsiiran. Uhibbukum fillah.

Monday 27 July 2009

Si Cépot jeung Tukang Goong



"Pot kadieu euy dewek nek curhat!"

"Lah paling silaing mah sirik lantaran dunungan kawin deui nya!"

"Lain euy Pot, kieu yeuh....dipikir ku dewek, geus mang taun taun dewek jadi tukang goong, tapi hirup teh kieu jeung kieu we teu menyat menyat!"

"Jadi hayang naek gajih kitu?, bebeja atuh langsung ka dunungan!"

"Ah kuriak dibaeudan sauumur mun dewek wakca hayang naek gajih, padahal gawe teh kaasup beurat euy, najan ukur nakolan nu ngajendol, tapi kudu konsentrasi pinuh, malaweung saeutik, sora goong teu ninggang kana wirahmana,balukarna dunungan, enya kidalang tea, molotot, nu lalajo hahauk, kitu deui maneh Pot pipilueun protes da heueuh karasa ku dewek mun keur ngigel sora goong teu nenggel kana blaktukna,cawerang deuleu...!"

"Heu heu....tobaaaattttttt.....mangkana mun keur manggung tong nundutan wae atuh!"

"Teu nundutan kumaha atuh Pot, manggung noron tilu poe tilu peuting, teu karasa ngalenyap nepikeun ka ngimpi sagala!"

"Beu etah keur nabeuh goong nepika bisa ngimpi sagala, ngimpi naon kitu?"

"Ngimpi narokan suluh!"

"Heu...heu...paingan sora goong jadi nyerecrek ka mana mendi, da meureun rarasaan keur narokan suluh nya!"

"Mun saimbang jeung gajihna moal nepika nundutan kitu meureun Pot!"

"Memangna gajihna UMR kitu?"

"Lain UMR tapi UMN, Upah Minimum Nayaga!"

"Setatusna kumaha?"

"Tah eta dadalan aya sistim outsourching tea, ti baheula ngan kontrak jeung kontrak we gawe teh!"

"Heu..heu...tobaattttt....uing mah tibalik euy, ku dalang geus diangkat karyawan tetap tapi teu digajih gajih malahan tas manggung,sok langsung dibebeskeun kana kotak!"

"Teu nanaon teu meunang gajih ge Pot, pan silaing mah teu beuki kejo, sedengkeun dewek teu manggih kejo sapoe, ngiceup ge susah deuleu!"

"Heueuh ari kitu tea mah, ke.... ke.... kunaon bet tungang tengeng kana sarung uing, neangan naon?"

"Puguh dewek teh keur manggih kareuwas euy, panakol goong leungit, mun nyaoheun leungit mana teuing dunungan hohoak bari molotot!"

"Leungit dimana?"

"Pan biasana mun tas manggung panakol goong sok dibawa ka imah!"

"Keur nanahaon dibawa kaimah?"

"Keur ngabebenjokeun budak, mun budak gegerelengan ceurik lantaran hayang jajan es krim,tinggal ngasongkeun panakol goong meunang ngagulaan!"

"Heu...heu..tobaaatt..ammmpyunnn...nepika kituna,tapi naha bet jor jor sungkub singkab kana sarung dewek da dewek mah teu rumasa nyumputkeun!"

"Ah pasti disumputkeun siah, buktina dijero sarung maneh aya nu ulang ulangan!"

"Heu..heu..tobaaaaattt...ieu mah lain panakol goong tapi panakol bedug da rada panjang!"

Masagi: estetika Sunda tina babasan & paribasa



Alam dunya nu éndah ieu dicipta ku Pangeran. Kusabab diciptana ku Pangéran, tangtu rupa atawa wanguna hadé jeung sampurna. Kasampurnaan alam ieu sok dipaké pikeun siloka kaasup dina babasan jeung paribasa. Karancagéan kolot baheula enggoning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan hirup jeung kahirupan, salah sahijina dina wangun babasan jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu nginjeum ti kaayaan alam éta. Model atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda make conto alam, boh manuk boh mangrupa sato. Diantarana ranggon –ti manuk ranggon; julang ngapak, badak heuay, tagog atawa jogo anjing, jeung galudra ngupuk.

Cara niru ka alam oge aya dina ngagambarkeun kageulisan hiji wanoja, ditataan maké rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jentre: angkeut endog sapotong, ramo pucuk eurihan, lambéy jeruk sapasi, halis ngejelér paéh, cangkéng lenggik nanding papanting, taar teja mentrangan, damis kuwung-kuwungan, bitis héjo carulang, urang kampung bau lisung, jst. Jadi kageulisan atawa kaendahan dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam. Malah sangkan leuwih afdol, simbol tina rupa alam dijentrekeun jeung kaayaananana pikeun mastikeun nu dimaksud kalayan sampurna. Saperti dina ngagambarkeun gado, nu geulis mah disebutna oge angkeut, nu hade diibaratkeun ku rupa endog tapi kudu sapotong. halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup mah duka kumaha rupa halis teh. Jadi sangkan ngajepatna hade, teu usik teu malik luhureun panon, nya dipaehan heula tah si jeler teh!

Eusi babasan jeung paribasa diantarana ajaran moral atawa etika nu oge bisa disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna mangrupa siloka atawa perlambang nu ngandung harti jero bari dirangkéy ku basa nu ringkes, jadi gampang ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna oge jaga, teu keuna ku waktu kadaluwarsa da teu make bahan tambahan siga formalin.

Mun urang bingung kudu kumaha gaul boh jeung papada manusa atawa jeung mahluk liana, aya jurusna, diantarana kudu hade gogog hade tagog -siloka maké sipat kaayaan sampurna sato nu aya di alam. Pihartieunana, hirup kudu hade dina nyarita oge dina tingkah laku, ucapan jeung kalakuan kudu sarua alusna.

Sababaraha babasan atawa paribasa make kecap injeuman tina rupa atawa wangun, nyaeta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina dina babasan hirup kudu masagi. Naon sababna prak-prakan hirup nu hade diibaratkeun kana rupa pasagi?

Masagi t̩h kecap gaw̩ ti kecap kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut pasagi nyaeta rupa kotak Рrupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana atawa lempengna, tur ukuranana sarua. Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna dina kanyataanana Biasana dilarapkeun utamana dina perkara ngalakonan urusan dunya jeung ah̩rat atawa agama jeung darigama tea. Sipat pasagi ngandung harti y̩n hirup t̩h boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakukeun kalayan saimbang. Cara urang hirup ayeuna di dunya, salian ti kudu mikirkeun kaperluan hirup di dunya, oge kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel engk̩ jaga di aherat. Og̩ y̩n urang kudu sagala bisa atawa mah̩r sagala rupa, sabab hirup teh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu urang kudu bisa sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna, pasagi dijadikeun conto kumaha hirup kudu dilakonan. Sipatna tindakan atawa kalakuan.

Duka kumaha sasakalana, pasagi éta dina basa Indonesia mah maké mamawa bujur sagala, enya, bujur sangkar tea. Sigana sangkar teh ti basa Minang pikeun pasagi, da di Sumatera Kulon aya lembur ngarana Batusangkar, pastina di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap sangkar éta tuluy dipaké oge pikeun rorompok manuk dina basa nasional, sanajan rupana geus teu pasagi deui.

Rupa pasagi teu pati jentré ayana di alam. Dina ayana oge sigana ngan ukur ngaharib-harib, teu saklek rupa pasagi. Da ongkoh rupa pasagi mah dijieun ti opat sisi nu tiap juruna kudu nyékon -kecap ti parabot tukang bas, pasékon- nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa. Rupa pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi, diantarana nyaéta bésék, pipiti, suku boboko, hihid jeung sajabana. Rupa pasagi nu kawentar kamana-mendi utamana pikeun muslim sabab sok di datangan ari naik haji tangtu Ka’bah di Mekah. Ceuk si cenah, harti Ka’bah atawa kufah teh cenah pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib ka rupa kotak disebut kufah atawa kufik.

Salian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan nyaéta buleud. Cara dina kalimah “Niat kudu buleud”. Rupa buleud teh dijieun tina garis nu tungtungna panggih, bari jarak ti tengah ka unggal sisi sarua. Dina Matématika mah istilah na “jari-jari atawa “r”, tina radian atawa radius téa. Niat urusanana jeung sikep yakin, patali ogé jeung sikep méntal. Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis buleud.

Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. Diantarana panonpoé, bulan, katumbiri, ombak leutik dina balong mun urang nyemplungkeun batu, daun taraté, jsb. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké pikeun rupa tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsb.

Rupa buleud sok dipake perlambang kasampurnaan nu sipatna ideologis kaasup tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung sorabi, bulan digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang. Panonpoe dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam -sangkan teu pahili jeung rupa buleud séjéna- ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan nu hartina cahaya. Lambang bendera Jepang buleud beureum, nyimbolkeun panonpoe isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina pulitik (nipu rahayat leutik) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji partey atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon.

Rupa séjén nyaéta nyungcung. Cara dina kecap “ka balé nyungcung” siloka pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung ieu babasan pikeun tempat suci atawa sakral utamana masigit. Sigana baheula akad nikah umumna dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci jeung ari nikah teh apan upacara suci ogé. Suhunan masigit baheula umumna maké suhunan model tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasana segitilu lobana opat nu dipasangkeun condong pahareup-hareup, ngawangun rupa limas. Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi katémbong ti hiji sisi mah segitilu. Jadi istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun tina opat segitilu. Dina suhunan, segitilu ieu dua sisina nu tangtung sarua panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna. Beh dieu, suhunan masjid aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana belenong. Sanajan sabenerna mah rupa kubah ieu ogé dijadikeun suhunan katédral cara di Italia ogé Russia.

Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona gunung Cikuray di Garut, siga pisan segitilu: dua sisi condong panggih di puncak, nu hiji mah ngadapang dina taneuh. Dua sisi nu condong éta nyiptakeun rupa nyungcung nu nunjuk ka langit –dihartikeun nuju ka Pangéran. Jadi kaharti mun ku karuhun gunung dianggap suci atawa sakral, salian ti tempat bijilna cai pikeun kahirupan, oge dipaké pikeun tempat muja, tempat karamat, makam atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah tea. Kusabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Fir’aun nyieun gugunungan badag nu disebut piramid tea nu umumna dipake pikeun nyimpen jasadna.

Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya ieu loba pisan jeung moal kaitung. Ku manusa modéren kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Eta tilu rupa dasar dipaké dina élmu Matematika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni Rupa. Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa paribasa di urang cara conto di luhur. Tapi dina henteuna aya patali marga, bisa jadi sarua dina inditna: sarua nyokot conto rupa dasar nu aya di alam, dumasar kana kasampurnaan alam jieunan Pangéran. Nu jelas, masing-masing rupa éta sanajan dina wanda nu béda tapi sarua ngandung pihartieun kaayaan sampurna atawa suci. Pasagi pikeun ngagambarkeun kalakuan nu sampurna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna, segitilu pikeun tempat nu sampurna –dina harti suci atawa sakral.

Disadur tina :
http://www.urangsunda.net

Wednesday 22 July 2009

Lisung

Lisung teh hiji alat pikeun nutu pare, lisung sok dipapasangankeun jeung halu. Lisung dijieunna tina tangkal kai gede anu kuat, saterusna dipapras meh ampir jadi masagi tur manjang bari dijieun hiji rohang pikeun tempat pare ditutu, ditilik mah wangunna siga parahu. Ukuran panjangna teu tangtu aya nu nepika 2,5 m ti tungtung ka tungtung, aya oge nu ngan 1,5 m, lebarna kurang leuwih 40 cm.

Sakapeung dina tungtungna sok aya paranti nyosoh beas, wanguna liang meh siga aseupan, atuh dina tungtung lisung sok dihias ku gegelungan.

Di masyarakat Baduy, ngujurna imah nyanghareup ka kidul sabab di kiduleunana aya anu disebut Arca Domas, tempat ayana Arca Domas dianggap tempat anu karamat, tempat anu suci. Saung lisung ngujurna wetan ngulon, jadi tujuanana bisa bae pikeun anu nutu kudu nyanghareup ka kidul, lain ka kaler sabab lamun nutu nyangharup ka kaler hartina nukangan ka beulah kidul, hal ieu dipahing pisan ulah nepi ka nukangan tempat karamat.

Di masarakat sejen diluareun Baduy, lisung sarua dipake, sarua ngabogaan saung lisung. Nu bogana saung lisung lain sosoranganan tapi biasana masyarakat kampung, lobana saung lisung gumantung kana legana kampung jeung lobana anu dumuk didinya. Ngujurna saung lisung euweuh patokanana, kamana bae disaluyukeun jeung kaayaan patempatanana. Unggal warga kampung eta bisa make lisung. Saung lisung lain bae tempat nutu pare tapi jadi tempat sosialisasi, tempat hirup kumbuh papada tatangga. Ngobrol bari jeung silih pikawanoh, boh lanjang boh anu geus kulawargaan, nyaritakeun gosip-gosip sakampung anu gampang nerekab. Papanggihna papada warga kampung diantarana nya disaung lisung. Anu nutu biasana lain lalaki tapi awewe, teu kahalangan sok sanajan bari ngais budak, atawa sakalian mawa ulin budak anu laleutik keneh.

Tempatna saung lisung biasana di sisi kampung, di sisi sawah atawa di sisi balong. Saung lisung sok jadi tempat pangulinan barudak, biasana barudak nu geus hideng tapi encan rumaja, arulin bari nyieun cocooan tina bahan anu aya sabudeureunana, utamana tina tangkal pare sesa dibuat saperti nyieun empet-empetan.

Saung lisung kalan-kalan jadi tempat papanggihna kaum rumaja lalaki jeung awewe nu keur sengserang panon, anu kakara beger, gogonjakan jeung silih keletan, aya kacapangan “moal sieun beakeun pipamajikaneun salila masih keneh trang-tring-trung lisung mah”.

Lisung hiji alat pangahirna (end position) tina siklus hadirna pare tina lalakon panjang anu dimimitian ti tebar binih di pabinihan dina melak pare nyawah saterusna tandur, ngarambet, tunggu, dibuat, nepi ka nyimpen pare dina leuit atawa nyimpen pare dina peti di goah. Kaluarna pare tina lisung geus jadi beas.

Dina prosesi ngalaksanakeun nutu atawa nyosoh alatna lain bae ngan sakadar lisung jeung halu, tapi oge aya nyiru pikeun napi misahkeun antara huut jeung beas, saterusna ngesoh (ngagesoh), misahkeun serah (pare keneh ngan jumhlahna hiji dua) jeung beas. Nyikcrik misahkeun antara beas jeung beunyeur (beas anu bubuk akibat tina ditutu). Prosesi nutu kabiasaannana sakabehna dilaksanakeun ku awewe. Sakali nutu tara loba paling oge keur nyadiakeun beas supaya kapake sapoe atawa dua poe

Jadi lolobana anu datang ka saung lisung teh awewe, saung lisung tempat pikeun sosialisasi awewe, obrolan di saung lisung leuwih nyoko kana obrolan dunya awewe..

Aya tafsiran dina kosmologi Sunda anu nyebutkeun posisi leuit teh dunya awewe sabab sifatna anu leuwih “tertutup”, sedengkeun saung lisung teh dunya lalaki kulantaran leuwih “terbuka”. Dina prakprakan kanyataannana leuit leuwih didominasi ku lalaki, ti mimiti ngunjal pare ti sawah tug nepi ka nyimpen pare dina leuit, malah aya anu nyebutkeun awewe dipantrang pisan asup kana leuit.

Sedengkeun awewe leuwih loba aya di saung lisung, prosesi nutu leuwih didominasi ku awewe, malah asa teu pantes lamun aya lalaki nutu. Nya didieu meureun anu disebut paradok pikeun ngahasilkeun harmoni antara dunya lalaki jeung dunya awewe salaku simbol kasuburan. Hal ieu teu leupas tina sikep primordial urang Sunda anu nganggap pare teh janggelekna Nyi Pohaci Sanghyang Asri (Dewi Sri).

Lamun nilik kadinya sakabeh prakprakan ti mimiti melak pare boh ngahuma atawa nyawah nepi ka nyimpen pare teu leupas tina upacara panghormatan ka Dewi Sri anu dianggap Dewi Pare. Geura we urang tataan hiji-hiji ngaran ngaran Pohaci anu ngaping dina mangsa pare keur dipelak :

Pohaci Terus Rarang nu ngaping pare keur sumihung
Pohaci Rambat Rarang nu ngaping pare keur bijil akar
Pohaci Lencop Herang nu ngaping pare keur jumarum
Pohaci Lenggang Herang nu ngaping pare keur cumanggah
Pohaci Pencar Hurip nu ngaping pare memeh reuneuh
Pohaci Jayang Gini nu ngaping pare keur tungkul ngeusi
Pohaci Tenjo Maya nu ngaping pare keur beuneur hejo
Pohaci Lenggok Kuning nu ngaping pare keur konengna.

Kitu deui dina prakna rek dibuat aya upacarana (Jakob Sumardjo, Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda,2003)

Dina mangsa kiwari lisung geus ampir teu dipake, diganti ku mesin heler. Mesin heler nyaeta alat pikeun mesek pare sangkan jadi beas anu digerakeun ku mesin motor make bahan bakar minyak solar atawa bengsin. Pagawean nutu pare ku ayana mesin heler jadi gampang, teu kudu cape luut leet kesang, waktuna singget ngan ukur memenitan. Awewe ninggalkeun imah teu kudu lila, ngan lamun nutu mah teu kudu mayar, ari ka heler kudu mayar, boh ku duit boh ku beas deui. Teknologi ngaganti alat tradisional. Hadirna teknologi tangtu mawa akibat kana kahirupan masyarakatna. Teknologi teu bisa dipungkir tujuanana keur ngagampangkeun pagawean, ngabantuan ngungkulan kahengher fisik manusa, tapi kalan kalan akibat sosialna hese diteguh bakal kamana loyogna.

Ku ayana mesin heler (pagawe mesin heler lolobana lalaki) anu geus ngaganti lisung, kaum awewe anu tadina biasa kumpul tur ngobrol di saung lisung bari jeung teu ngarasa kaganggu ku kaum lalaki, di heleran (tempat heler) kudu pagilinggisik jeung lalaki, ngobrol papada awewe jadi teu laluasa, gosip dunya awewe lir kapendet sungapanana. Saung lisung anu tadina tempat pangulinan barudak jadi di-lurjeun-keun. Barudak leutik leuwih loba cicing diimah dibaturan ku indungna, lahan pikeun hirup sasama barudak geus ilang dangiang, Kaulinan barudak ( Inggris : Games ) anu dilakukeun ku lobaan bari jeung aya sifat kompetisi, diganti ku cocooan ( Inggris : Toys ) anu sifatna leuwih individual.

Teknologi kalawan teu sadar geus ngarobah pola tatanan hirup kumbuh komunitas, ngarobah beungkeutan sosial kultural anu tadina kuat.

Saung lisung anu tadina rame ngelentrung, ayeuna jadi tiiseun. Lisungna ukur cinutrung nungguan waktu, ngantos dawuh iraha bakal burakrak. Halu ukur pasolengkrah arang langka dampal leungeun lanjang nu ngusapan. Nyiru ngalumbruk dijuru arang langka aya nu ngajak cikcrik ngageang sawirahma gitekna cangkeng awewe. Dewi Sri geus tara ngalongokan deui.

Lisung jeung halu ayeuna ngan ukur aya dina kasenian Gondang atawa Tutunggulan, dipakena can tangtu sataun sakali, lisung jeung halu geus robah fungsi ngan ukur jadi tongtonan. Sakapeung ngabagug di gedong sigrong, lisung geus robah fungsi ngan ukur jadi papaes patamanan.

Carita lisung jeung heler, carita parabel modernitas anu mere tangara robahna hiji tatanan sosial ku ayana intervensi teknologi. Ana kitu ari babasan “urang kampung bau lisung”, naha ayeuna dipake keneh..?

Mamat Sasmita
email : matsasmita@telkom.net

Tuesday 21 July 2009

Lisung Galung Galiang